Biografi
B. J. Habibie lahir di Parepare, 25 Juni 1936. Anjeunna pinter dina élmu téknik sarta kuliah di Jérman nepi ka meunang gelar doktor. Balik ka Indonesia, anjeunna ngadegkeun IPTN jeung janten Menteri Riset, teras Présidén ka-3 RI taun 1998. Anjeunna dipikawanoh minangka Bapak Téknologi Indonesia jeung pupus di Jakarta, 11 Séptémber 2019.
Fitri Nuraeni