Kanyaah.
Nyaritakeun pikeun Ema Nini jeung Incu na nyaeta Dea.
Ti leutik, Dea mah tos biasa cicingna jeung Ema Nini. Ibu jeung Rama damel duanana, ku kituna Ema Nini nu ngasuh sarta sok nyarengan Dea di imah, bari ngajarkeun sagala hal ka anjeunna.
Nini téh lain ngan ukur ngurus, tapi ngadidik. Ti mimiti kumaha carana sasapu nepi kumaha nyebutkeun doa saméméh tuang, sadayana ku anjeunna diarahkeun kalawan sabar.
Unggal peuting, saméméh sare, Ema Nini sok ngajak Dea nonton TV babarengan dugi ka Dea sare. Kadang mah bari ditangkeup, bari dikeplokkeun tonggongna nepi ka Dea ngarasa aman jeung betah.
Lamun Dea gering, Ema Nini sok nyieunan jamu jeung konsisten ngobatan nepi ka Dea jagjag deui.
“Neng, tong sieun gering. Allah mah ngiring. Nini sok salawasna nyaah ka maneh, sanajan engké... lamun Nini tos teu aya.”
Dea sok nalangsa ngadéngé kitu. Henteu kungsi nyangka, kecap éta engké bakal jadi kanyataan.
Hiji mangsa, Ema Nini gering parna kusabab kaserang panyakit, Dea bisa nempo dina tikoro jeung panonna yén Nini tos cape. Teu lila, Ema Nini pupus kalayan tenang.
Dea ngarasa dunya-na ragrag. Poé-poé saenggeusna, Dea sok kénéh ceurik jeung ngalamun. Sakola teu karasa penting deui, jeung ceurikna teu bisa eureun.
Sora Ema Nini anu sok ngageuing isuk-isuk tos teu aya. Seungitna nu has, nu sok ngadadak nyegerkeun haté, ogé tos teu aya deui.
Tapi dina tengah kasieun jeung kahampaan éta, Dea mindeng inget deui kana kajadian lucu sareng Nini.
Saperti waktos manéhna kabeurangan sakola sabab Nini kasieun manuk piit asup ka dapur, terus Dea ngagelarkeun sarung di jero kamar bari seuri.
“Neng, piit téh bisa ngapung, tapi ulah kaburu sieun, kadang nu siga kitu mah ngan hayang kaluar, lain hayang ngaganggu,” ceuk Nini bari nyakakak, nepi ka Dea ogé seuri bari nyekelan beuteung.
Wanci séjén, Dea sok diajak Nini ka pasar subuh. Nini ngagandong kantong anyaman, Dea ngiring bari ngagenggem leungeun Nini nu haneut.
Dea sok kabita ningali warna-warna sayur di lapak, terus nanya,
“Nini, naha cau sok aya totol hideung?”
Nini seuri bari ngawalon, “Éta tandana geus asak, Neng. Sagala hal nu katémbong kurang sempurna téh sok aya kahadéan di jerona.”
Ucapan éta ngagema terus dina haté Dea, jadi pangeling yén kadeudeuh jeung hikmah bisa datang tina naon waé.
Wanci hujan turun, Dea jeung Nini sok calik di jandéla bari ngadéngé sora titis cai. Kadang Nini nyanyi lagu sunda heubeul bari ngelus sirah Dea.
“Aya hujan aya berkah, Neng. Ulah ngeluh lamun baseuh, sabab bumi ogé peryogi cai,” kitu ceuk Nini.
Dea nu harita teu pati ngarti ngan ngadéngé bari nahan tunduh, tapi ayeuna, waktu geus déwasa, kecap éta karasa pisan hartina.
Salah sahiji kenangan anu paling nempel dina pikiran Dea téh nyaéta poé lebaran. Isuk-isuk, sakabeh imah geus rame ku seungitna kupat jeung opor nu keur dipanaskeun ku Nini di dapur.
Dea, nu harita masih kénéh leutik, sok dibéré tugas ngagoréng bawang goréng bari Nini ngawuruk,
“Ulah loba teuing minyakna, Neng, engké pait.”
Sanggeus masak, Nini ngajak Dea ngabantosan nyusun piring di ruang tamu. Bari nyusun, Nini sok ngadawuh,
“Hirup téh kudu siga ieu, Neng. Lamun sagala hal rapih jeung dihaturanan, bakal ngeunah dipandang, moal matak pusing.”
Kecap éta basajan, tapi karasa pisan ngadidik Dea pikeun leuwih tanggung jawab.
Di poé lebaran éta, waktu kulawarga kumpul jeung tuang babarengan, Dea inget kumaha Nini ngajak anjeunna pikeun silih hampura.
Leungeunna anu haneut nepika ayeuna masih karasa jelas dina pipi Dea, nalika Nini ngusap bari ngomong,
“Neng, sing jadi budak nu hade, sing bisa ngabahagiakeun kolot.”
Aya deui kajadian lucu nu teu bisa poho. Hiji wanci Dea diajar ngaliwet pikeun kahiji kalina, beasna ka keeum ku loba teuing cai. Nini ngan seuri bari nyiduhkeun leungeunna kana sirah Dea.
“Teu nanaon, Neng. Lamun hayang bisa, kudu wani salah heula. Ti kasalahan urang bakal apal kumaha benerna.”
Ti harita, Dea diajar yén gagal téh bagian tina hirup, jeung éta wejangan jadi pangrojong waktos anjeunna dewasa.
Unggal poé, Dea beuki hampang. Unggal nyorang imah téh karasa sepi — henteu aya deui sora Nini ngagorowok ti dapur. Beuki lila, Dea karasa kangen pisan. Peuting-peutingna sok dieusi ku ceurik, terus nepika kadang-kadang ngimpi papanggih jeung Ema Nini.
Dina impianana, Ema Nini sok calik bari nyerengeh, nyepengan leungeunna, tuluy ngadawuh:
“Neng, ulah terus sedih. Nini memang parantos jauh, tapi kanyaah Nini mah moal leungit tina haté maneh.”
Isukna, Dea hudang bari haténa rada enteng, siga aya anu nyemangatan ti jero.
Ti harita, Dea ngamimitian ngalakukeun hal-hal anu ngajadikeun anjeunna inget ka Ema Nini. Anjeunna jadi getol beberes, ngabantos Ibu jeung Rama-na, ngadoakeun unggal poé, jeung sok nulungan sadulurna anu peryogi pitulung.
Unggal ngambekan bau FreshCare atawa kadéngé sora bedug magrib, Dea sok karasa siga Ema Nini aya deui di gigirna.
Sok aya perasaan haneut anu teu bisa dijelaskeun, siga lengeun Nini nu ngusap sirahna waktu leutik.
Wanci geus lila, Dea sadar hiji hal: raga Ema Nini emang tos teu aya, tapi kanyaahna henteu sirna.
Éta kanyaah ngalir dina getih jeung napas Dea, jadi suluh pikeun hirupna.
“Kanyaah téh henteu maot”
ceuk Dea dina haténa bari néuteup ka langit anu beureum peteng.
“Sanajan Nini geus teu aya, kanyaahna bakal salawasna hirup dina diri kuring.”
Firya Aulia Putri