Tilu Taun Sabangku
Carita ieu nyaritakeun ngeunaan dua sobat sakelas, Nay jeung Qya, anu mimiti kenal waktu kelas sapuluh. Sanajan béda sifat — Nay cicingeun jeung Qya rame — maranéhna bisa jadi sobat raket salila tilu taun jadi sabangku. Sapanjang waktu, maranéhna silih bantu dina tugas, silih nyemangatan, jeung babarengan ngalangkungan rupa-rupa kaayaan. Sanajan sok béda pendapat, tapi sok aya anu ngalah jeung silih ngarti. Dina poé wisuda, duanana sadar yén persahabatan maranéhna moal leungit sanajan geus henteu sakelas deui, sabab dumasar kana silih ngarti jeung silih dukung. Amanat: Persahabatan bakal langgeng lamun aya rasa silih hargaan, silih ngarti, jeung silih dukung.
Di salah sahiji SMA di Kota Banjar, aya dua urang siswa anu teu kungsi disangka bakal jadi sobat raket, Ngaran maranéhna téh Nay jeung Qya. Mimiti kenal téh waktu kelas sapuluh, nalika aya budak kelas nu pindah. Tungtungna Qya ngajakan Nay kanggo sabangku, sugan téh ngan satahun, tapi nasib nyandak jalan séjén. Maranéhna milih jurusan nu sami, anu tungtungna ngajadikeun Nay jeung Qya sabangku salila tilu taun pinuh.
Mimiti mah Nay rada kagok. Anjeunna budak anu cicingeun, éra-an, jeung teu gampang ngobrol. Sedengkeun Qya mah sabalikna, budakna rame, sok ngalawak, jeung gampang akrab jeung saha waé. Sanajan kitu, beuki lila maranéhna sabangku, beuki karasa yén bédana téh lain halangan, tapi jadi panyambung nu ngajadikeun silih lengkepan.
Taun kahiji, maranéhna sering silih pikiran ngeunaan tugas. Nay mindeng datang ka Qya bari rada lieur, “Qya, tulungan atuh ieu matematika, kuring teu ngarti-ngarti.” Qya ngan seuri bari ngajelaskeun lalaunan, henteu kantos ambek. Ari gantina, Nay sok nyemangatan Qya lamun Qya sok suntuk ku tugas, “Ulah serius teuing, Qya, hirup téh kudu dibarengan seuri.”
Taun kadua, hubungan maranéhna beuki akrab, geus siga dulur sorangan. Duanana geus mulai terbuka hiji sama lain, nyaritakeun masalah pribadi, cita-cita, jeung hal-hal leutik nu teu biasa dicaritakeun ka batur. Maranéhna ogé sok babarengan diajar mun aya ulangan gede. Malah pernah hiji waktu, nepi ka peuting di imah Qya nyieun laporan kelompok. Jam 10 peuting kakara réngsé, bari nyumputkeun cape ku seuri. Nya éta anu ngajadikeun capéna henteu karasa, sabab dilakonan babarengan.
Kadang-kadang maranéhna ogé henteu sok saluyu. Aya waktuna maranéhna béda pendapat, boh ngeunaan pilihan ekstrakurikuler boh ngeunaan cara ngalakukeun tugas. Tapi unggal pas béda pamadegan, sok aya anu ngalah jeung milih ngarti. Ti dinya maranéhna diajar yén persahabatan téh teu salawasna kudu sarua, tapi kudu aya rasa hormat jeung silih hargaan.
Nalika kelas tilu, ikatan maranéhna beuki karasa. Sok aya perasaan, “Lamun henteu sabangku jeung maneh, meureun ayeuna mah kuring leuwih hésé ngaliwatan sakola.” Dina unggal persiapan ujian, maranéhna babarengan ngapalkeun, ngabagi catetan, jeung silih nguatkeun. Waktu latihan upacara wisuda, maranéhna sok silih tingali jeung seuri, nyadar yén tilu taun bareng téh moal karasa geus réngsé.
Dina poé wisuda, Nay ngarasa haru. Anjeunna nyebut ka sobatna, “Qya, urang geus sabangku ti kelas sapuluh nepi ka ayeuna. Kuring sieun sanggeus ieu urang jarang patepung deui.” Qya ngajawab bari rada kasedih, “Tenang wé Nay. Persahabatan téh lain ku bangku atawa ku sakola, tapi ku haté. Sanajan urang béda jalan, kuring yakin urang bakal tetep jadi sobat.”
Sanggeus éta, maranéhna silih jabat leungeun pageuh. Duanana sadar, yén kenangan tilu taun sabangku bakal jadi bagian pangéndahna dina hirupna. Ti mimiti seuri, debat leutik, nepi ka begadang babarengan, sadayana bakal tetep hirup dina émutan. Persahabatan Nay jeung Qya lain ukur ngeunaan bangku sakola, tapi ngeunaan perjalanan nu ngajarkeun yén béda karakter téh tiasa jadi kakuatan lamun dilakonan ku silih ngarti jeung silih dukung.
Nisrina eshan i