Ngudag Ulangan

Nyaritakeun Lala, budak SMA anu maksa indit ka sakola keur hujan badag pikeun ulangan. Sanajan geus diingetan kolotna, anjeunna maksa nepi ka kakeueum banjir jeung katinggaleun ulangan. Carita ieu ngandung pesan moral ngeunaan nurut ka kolot jeung diajar tina kasalahan.

Ngudag Ulangan

Ngudag Ulangan

Isuk-isuk poé Jumat, hujan kénéh ngocor alon-alon di lembur Cikawung. Lembur leutik nu aya di gigir sawah jeung gunung ieu téh katingali baseuh pisan, taneuh ngaleutak kawas aci dicampur cai, jeung jalan leutik beueus kawas walungan alit nu rék ngalir. Sora manuk nu biasana ribut isuk-isuk ayeuna mah jarang kadéngé, kalah kalah ku sora titik hujan nu murag kana hateup seng.

Di tengah imah kai, aya saurang budak SMA nu keur riweuh ngasongkeun kantongna, Lala, murid kelas XI anu rajin, pinter, tapi rada teu nurut lamun geus aya kahayang. Anjeunna sok mikirkeun pelajaran jeung henteu resep lamun katinggalan hiji hal nu penting.

Isuk éta penting pisan. Guru matematika tos ngumumkeun yén poe ieu aya ulangan dadakan, jeung lamun aya nu telat, henteu meunang tambahan waktos. Lala, nu sok ambek ka dirina sorangan lamun aya nu katinggalan pelajaran, ngarasa kudu pisan datang pas waktuna, naon waé nu kajadian.

Di dapur, indungna nyiapkeun sarapan sederhana: sangu bodas haneut, tempe goreng anu karasa renyah, jeung sambel cabe nu ngeunah pisan. Bau na ngagoda, tapi pikiran Lala geus teu bisa dipalingkeun.

“Lala, sing dahar heula. Ulangan mah moal kamana-mana ieh, awak lamun lapar mah moal kuat,” saur indungna bari nyeplakkeun sangu kana piring.

Lala ngan mesem saeutik bari maké jaket jeung helm.
“Hapunten, mah. Abdi kedah buru-buru. Lamun telat, moal meunang waktos nambahan deui.”

Bapana kaluar ti kamar bari mawa konci mobil. Anjeunna ningali ka luar jandéla, jalan leutik beueus, leutak ngagumpal, jeung langit kénéh rada ngageleger.
“Lal, ayeuna mah bapa anu nganteurkeun ku mobil. Jalan beueus kieu mah bahaya mun maksa motor sorangan.”

Tapi Lala, kalayan karepna nu kuat, ngajawab bari rada ngageleng, “Pa, teu kedah. Lamun ku mobil, sieun kapegat macét. Ku motor mah langkung gancang. Ulangan penting pisan.”

Bapana tarik napas panjang, nyimpen konci mobilna. Anjeunna neuteup putrina bari rada bingung.
“Sing ati-ati, Lal. Émut, keselamatan leuwih penting tibatan nanaon ogé.”
“Enya, Pa. Lala sing ati-ati,” saur Lala bari gancang kaluar.


Motor Lala ngagaur ngaliwatan jalan leutik lembur. Cai ngalimpas tina sawah, nyieun jalan siga walungan alit. Sapatu bodasna mimiti beueus, jas hujan beureumna henteu sanggup nahan cipratan cai.

Dina haténa Lala terus ngagerentes:
“Lamun ayeuna indit, pasti masih keneh aya waktos. Ulangan moal katinggalan. Lala kudu nepi, kumaha waé ogé.”

Tapi sanggeus kaluar ti jalan leutik, langit kota robah jadi hideung pekat. Awan ngagulung kawas lawon hideung nu rek murag. Angin ngageleger, teras hujan badag ragrag kawas cai bahé tina baskom raksasa.

Motor-motor séjén loba nu eureun di warung pinggir jalan. Mobil-mobil ngahurungkeun lampu, aya ogé nu muter balik. Tapi Lala tetep maksa, sabab dina haténa ngan aya hiji hal:
“Ulangan… ulah telat.”


Jalan raya nu jadi jalur utama ka kota mimiti kakeunaan cai ngalimpas. Banjir asalna ti sawah nu teu bisa nampung hujan, cai na ngalir ka jalan gedé. Aya mobil nu kapegat, aya motor nu eureun bari diangkat ku nu bogana.

Lala reureuwas, jantungna ngadadak ngagaur, tapi henteu balik. Anjeunna nyorong motor, asup kana cai anu nepi ka tuur. Mesin motor sababaraha kali batuk siga rek pareum. Leungeunna ngadégdég, tapi anjeunna anggér maksa rék indit ka sakola.

“Neng, ulah dipaksa! Bahaya pisan ieu mah, hujanna tarik pisan,” ceuk ibu ibu disisi jalan.

Tapi Lala ngan ngomong dina haténa bari ngadorong motor, “Mun balik ayeuna, pasti telat. Mun telat, ulangan leungit. Lala kudu terus!”

Motorna ngaluncat-luncat kawas parahu leutik dina cai. Sapatu, rok, jeung seragamna geus beueus sadayana. jakétna beurat ku cai.

Tungtungna, sanggeus ngaliwat sababaraha menit nu karasa siga jam, anjeunna hasil kaluar tina banjir. “Alhamdulillah…” ceuk anjeunna téh, sanajan awakna geus capé.


Nalika nepi ka gerbang sakola, bél geus disada. Guru geus aya di kelas, soal tos dibagikeun. Lala buru-buru parkir, langsung lumpat abus ka kelas.

Nalika asup, sakabéh panon nu di kelas langsung ningali ka Lala. Seragam bodas abu-abuna baseuh ngacai.

“Lala, naha ayeuna kénéh datang?” ceuk guru, sora rada tegas.
“Punten, Bu… abdi kakeunaan banjir di jalan. Tapi abdi tetep hoyong ngiluan ulangan,” saur Lala bari nahan cape jeung isin.

Guru ngadeuheus, terus masrahkeun kertas ulangan.
“Calik, aya kénéh waktos saeutik deui saeuti, sok manfaatkeun.”

Sakelas aya nu seuri, aya nu nyarékan.
“Eh, siga lauk kaluar ti kolam!” ceuk hiji murid bari ngagéhak.
“Teu make mobil ku bapana wae ti tadi?” ceuk nu séjén bari seuri.

Lala ngan ngusap rarayna nu baseuh. Anjeunna murmur lirih, ngan bisa kadéngé ku dirina sorangan:
“Hanjakal te dianterkeun ku bapa tadi… moal baraseuh kieu.”

Aya rerencangan deukeutna, Naya, nu nyeuseup haté ningali kaayaanana.
“Lal, nu penting datang. Teu kabeh jalma bisa sakitu gigihna.”

Lala seuru saeutik, tapi haténa masih campur aduk cape, isin, jeung hanjakal. Anjeunna nyobian ngisi soal, tapi kertasna rada luntur kabawa cai. Panonna burem, pokusna buyar.


Sanggeus ulangan réngsé, murid séjén kaluar bari seuri jeung guyon. Aya nu masih ngagéhakkeun kaayaan Lala. Anjeunna kaluar lalaunan, ngagolérkeun motor anu geus sering mogok kusabab kaasup cai.

Perjalanan balik leuwih hésé. Motorna sababaraha kali eureun, kudu didorong bari hujan ngurumuy. Awakna ngilu, leungeunna kaku, haténa beurat pisan.

Nalika nepi ka imah, bapana geus nangtung di hareupeun panto bari nyekel payung. Panonna langsung kasorot ku kaayaan budakna nu baraseuhjeung keuheul.

“Lala…” saur bapana, sora lirih pisan.
“Pa… punten. Abdi maksa,” ceuk Lala bari panonna mimiti nyiprat ku cimata.

Bapana tarik napas panjang, terus ngusap sirah budakna.
“Bapa ti tadi tos ngingetan, Lal. Tapi bapa ngarti. Anjeun téh hayang tanggung jawab. Ngan inget, hirup téh henteu sadayana kudu dimaksakeun. Kadang kudu milih jalan aman.”

Lala ngadekap bapana, cimata campur jeung cai hujan nu masih nétés tina rambutna. Dina haténa, aya rasa hanjakal nu jero. Anjeunna ngaraos, hanjakal téh bakal sok datang engké, sanggeus sagalana kajadian.


Nalika anjeunna muka buku pikeun nyiapkeun pelajaran saterusna, kertas ulangan nu baseuh katingali aya bekas tinta luntur. Nilai meureun moal alus, tapi leuwih beurat deui rasa hanjakalna: henteu ngadéngékeun bapana.

Sora haténa lirih ngagerentes:
“Upami tadi abdi nurut, moal jadi kieu. Moal baseuh, moal capé, moal gagal konséntrasi. Tapi ayeuna mah ngan bisa diajar tina kasalahan.”

Peuting éta, Lala ngadekap buku tulisna pageuh. Anjeunna janji dina haténa: sanajan gagal ayeuna, tapi moal gagal deui dina ngadéngékeun naséhat.