Dibalik tuduhan aya kabenaran

Carita ieu nyaritakeun kahirupan santri di asrama nu tenang robah jadi tegang nalika Zahra kaleungitan duit Rp100.000. Kusabab anu terakhir katempo deukeut jeung lacina téh saurang santri nu ngarana adel, sakumna curiga ditujukeun ka manehna. Anjeunna dipoyok ku babaturan, dijauhan, jeung dituduh tanpa bukti. Haténa tatu pisan sanajan teu salah. Nepi ka tungtungna duit kapanggih di handapeun kasur santri sejen, sareng acis yén tuduhan ka dirina salah. Zahra menta hampura sarta ngaku kasalahanana di hareupeun sadaya santri. Tidinya, tokoh utama sadar yén fitnah jeung prasangka goréng bisa ngaruksak kapercayaan, sarta manéhna diajar pentingna sabar jeung husnuzon. (Karya carpon Delva Jeung Nisa) IX.2

Dibalik tuduhan aya kabenaran

Dinten Saptu, suasana di asrama pondok ujug-ujug robah jadi tegang. Biasana sanggeus shalat dhuha, urang para santri balik deui ka kamar pikeun beberes, ngumbah baju, atawa maca kitab tipis bari ngadéngékeun sora angin anu ngagelebug tina jandéla. Sok aya anu ngalantunkeun shalawat lirih bari nyosokkeun baju kana èmber, aya anu nulis catetan dina buku, aya ogé anu ngan saukur ngagolér bari nyekel HP heubeulna. Pondok biasana pinuh ku sora tawa jeung sora sandal anu kaseret di lantai semen anu geus retak-retak.

Tapi énjing harita béda. Saurang santri ngageroan:

“Zahra kaleungitan duitna!”

Suasana anu tadi éndah jeung biasa waé langsung robah siga gelédek nu ngadadak.

Numutkeun katerangan ti Zahra, duit Rp100.000 téh disimpen rapih pisan di jero lacina, pas handapeun tumpukan jilbab anu geus dilipet rapih siga di toko. Zahra mah henteu ceroboh. Anjeunna sok katelah paling rapih di antara urang sadayana. Bajuna sok katata rapih, bukuna sok dibéré kertas pembatas, komo botol cai plastikna ogé sok dilap ku lap leutik anu dibeuli ku indungna. Ku sabab kitu, nalika manehna nyebut yén duitna leungit, sadayana langsung percaya tanpa loba mikir deui.

Kamar anu biasana rame ku sora tawa jeung guyonan santri, langsung robah siga ruang interogasi. Sadayana dipenta muka laci sorangan, sarta batur anu biasana resep nyarita tarik-tarik jadi sepi, siga nahan deg-degan. Zahra ku raray muram nyampeurkeun ustazah piket, ngabejaan yén duitna geus teu aya. Béja éta sumebar siga seuneu dina jukut garing. Teu lila, santri ti kamar séjén ogé ngagabrug ka kamar urang, panasaran, siga nu hayang nyaksian kajadian penting.

Kuring sorangan henteu nyangka bakal kabawa-bawa. Isuk-isuk kuring memang cicing deukeut laci na Zahra, sabab keur milarian buku tafsir anu biasana dipinjem ku manehna. Kuring inget pisan, keur nyaliksik dina tas, ngabalikan catetan, jeung nyatet saeutik. Tapi henteu sakali-kali nyabak laci, komo deui nyokot duit.

Tapi nasib sok kitu anu jujur kadang-kadang jadi korban. Kusabab ngan kuring nu katempo cicing paling deukeut jeung laci na, sagala curiga langsung ditujukeun ka kuring. Aya anu nyeredetkeun biwir, aya anu neuteup kalawan sinis, aya ogé anu nyarekel sora lirih tapi écés kadéngé.

“Sigana mah manehna anu nyokot…”

Zahra sorangan anu biasana sok mesem jeung akrab, ayeuna neuteup kalayan curiga, siga aya témbok anu nangtung antara kuring jeung manehna.

“Lamun bener henteu nyokot, coba buktikeun,” pokna lirih, tapi kecap éta karasa nyecep ka jero haté.

Kuring cicing. Kumaha kudu ngabuktikeun hal anu henteu kuring lakukeun? Teu aya saksi, teu aya bukti. Rarasaan siga dikurung ku prasangka. Lain ngan awak anu karasa dicekel, tapi jiwa ogé siga dikepung ku témbok kanyeri.

Sapoe pinuh kuring karasa dijauhkeun ku batur. Babaturan anu biasana akrab jeung kuring ayeuna milih ngajauh. Basa dahar di dapur, korsi gigireun kuring kosong. Maranéhanana ngariung jeung batur séjén bari nyarita lirih, tapi lamun kuring datang, obrolan langsung eureun. Kuring nyaho, éta sadayana ngeunaan kuring.

Peutingna, nalika kamar geus pareum, kuring nyumput dina selimut bari ceurik. Tangis henteu ngagero, ngan dada anu ngagelebug. Aya rasa teu adil, rasa ditusuk-tusuk. Kuring henteu salah, tapi teu aya anu percaya. Haté siga hayang balik ka imah, tapi kuring ogé sadar, balik mah lain solusi.

Isukna, Ustaz Salman ngumpulkeun sakumna santri di aula leutik. Anjeunna nyarita kalawan sora anu tenang, tapi jero pisan.

“Anaking, nuduh tanpa bukti téh dosa ageung. Fitnah téh leuwih parna tibatan maéhan. Ulah gancang-gancang nyalahkeun batur ku ngan saukur prasangka. Islam ngajarkeun husnuzon, ulah gampil suudzon.”

Zahra nunduk, babaturan séjén ngadéngé kalawan seuri getir. Tapi sanajan ustaz geus mere nasèhat, suasana henteu langsung normal. Kuring tetep karasa diawasan.

Saterusna, barang-barang deui dipariksa. Laci dibuka, tas diulik, nepi ka aya anu muka bantal jeung kasur. Kuring karasa dihina, siga maling anu keur disusud. Beungeut babaturan siga-siga nyebutkeun: “Mun bener anjeun teu salah, buktikeun ayeuna.”

Nepika ujug-ujug aya sora tarik ti pojok kamar.

“Eh ieu duitna! Aya di handapeun kasur abdi!” saur Nazwa bari ngagolérkeun duit anu rada lecek.

Sarerea ngagebray ka ditu. Bener, éta téh duit Zahra. Sigana mah waktu manehna ngungsi diuk dina kasur Rahma, duitna murag tina lipetan jilbabna. Kusabab posisi kasur deukeut jeung laci, manehna ngarasa yakin geus nyimpen di laci.

Kamar langsung jempling. Tatapan anu saméméhna curiga ka kuring ayeuna robah kagok. Zahra nyampeurkeun bari raray pucat jeung biwir ngageter.

“Hampura… abdi tos suudzon ka anjeun,” ceukna laun, siga sora nu nyumput dina rasa hanjakal.

Kuring ngan ukur ngangguk. Teu bisa nyarita nanaon. Sanajan masalah geus écés, haté kuring henteu gampang cageur.

Peuting éta kuring henteu langsung sare. Kuring mikir, kumaha babaturan anu biasana mesem jeung ngiring guyon ayeuna gampil pisan robah jadi hakim nu siap ngajatuhan hukuman. Sakali urang kaleungitan kapercayaan batur, sagalana siga ruksak.

Hiji soré, Zahra ngajak ngobrol di deukeut mushola. Angin sore ngagelebug, ngagerakkeun daun. Anjeunna nyarita bari panonna berkaca-kaca.

“Kuring kacida kaseselna. Kuring poho kana husnuzon, padahal unggal poé urang diajar yén prasangka goréng téh dilarang. Mugi anjeun tiasa ngahampura.”

Kuring cicing heula, tuluy ngawaler:

“Kuring tiasa ngahampura, tapi tatu haté henteu gampang cageur. Nu leuwih nyeri téh lain ngan tuduhan anjeun, tapi sikap babaturan séjén. Maranéhna langsung ngajauhan, siga kuring ieu jalma hina.”

Zahra nunduk. “Kuring bakal ngajelaskeun ka maranéhna. Kuring nu salah, kuring kudu ngaluruskeun.”

Isukna, Zahra bener-bener nangtung sanggeus pengajian. Kalawan sora anu ngadegdeg, manehna nerangkeun sagalana, ngaku yén kuring anu paling dizalimi.

“Mun ti awal kuring leuwih ati-ati, moal aya fitnah ieu. Hampura pisan, utamana ka rerencangan abdi anu geus jadi korban.”

Ruangan jempling. Sadaya panon neuteup ka kuring. Aya anu nyampeurkeun, aya anu nyebut lirih.

"Hampura nya, urang salah.”

Aya anu neunggeulkeun taktak kuring, aya anu maksa mesem.

Peuting éta kuring ceurik deui. Tapi ayeuna sanés ku kanyeri, tapi ku rasa lega. Gusti ngajar kuring yén kapercayaan téh ibarat kaca, sakali retak, hésé balik mulus deui.

Ti harita, kuring janji ka diri sorangan ulah gampang nuduh, ulah gampil suudzon. Rarasaan dituduh tanpa bukti téh leuwih nyeri tibatan naon waé.

Kiwari, lamun kuring émut kana kajadian éta, kuring sok seuri getir. Tapi dina jero haté, kuring ngahaturkeun nuhun ka Gusti, sabab ngalangkungan ujian éta, kuring diajar sabar, diajar ngahargaan kapercayaan, jeung diajar ngajaga lisan.

Sabab aya hiji kanyataan anu pasti sagala tuduhan bakal pegat ku kanyataan, sabab bebeneran pasti manggihan jalanna sorangan pikeun mucunghul.