Asih Nu Lengit Saméméh Mibanda

Carita ieu nyaritakeun ngeunaan dua rumaja, Ayésh jeung Azra, dua siswa SMA di Bandung nu silih boga rasa tapi teu kungsi wani ngungkabkeunana. Ti mimiti kelas 10, maranéhna geus silih tarik perhatian dina cara nu basajan tina kalakuan jail, guyonan, nepi ka lirikanpanon di antara bangku kelas. Ayésh, mojang pinter tapi sieun dina urusan cinta, terus nyimpen rasa jero haténa pikeun Azra budak lalaki nu jail, rada bodo, tapi tulus jeung pikaresepeun. Sedengkeun Azra, sanajan nyaho yén Ayésh boga rasa, anjeunna ogé sieun pikeun jujur sabab égo jeung rasa teu yakin kana haté sorangan. Hubungan maranéhna ngan mandeg di antara canda jeung katingalian pondok nu pinuh makna. Waktu terus leumpang, nepi ka hiji poé Ayésh ningali yén Azra geus boga kabogoh anyar. Dina harita, sakabéh rasa nu teu kungsi diungkabkeun ragrag jadi kenangan. Ayésh ngan bisa nulis surat dina diary-na surat nu eusina pangakuan rasa, nu teu kungsi dikirim. Surat ngeunaan cinta nu datang dina waktos nu salah, ngeunaan asih nu leungit saméméh mibanda. Carita ieu mangrupa potrét tina rasa hanjakal, égo, jeung cinta rumaja nu polos tapi jero pisan, hiji pelajaran yén kadang waktu jeung sieun bisa nyieun urang kaleungitan hal anu sabenerna bisa jadi éndah lamun wani nyarita.

Asih Nu Lengit Saméméh Mibanda

Asih Nu Lengit Saméméh Mibanda

Di hiji SMA di Bandung, dina kelas nu sakitu riweuhna ku tugas jeung canda tawa, aya dua jalma nu boga rasa, tapi henteu kungsi bisa nyaritakeun. Ayésh jeung Azra. Maranéhna sakelas ti awal mimiti kelas 10.

Kelas 10, pas mimiti sakola, Ayésh lungguh di bangku katilu ti hareup. Anjeunna mojang éndah, pinter, tapi rada teupaeun ka lalaki. Lain kusabab sombong, tapi karana haténa rada ringkih dina urusan rasa.

Di tukangeunana, lungguh saurang lalaki nu kacida béda tabiatna: Azra. Budak lalaki nu jail, tara serius, nu remen ngaganggu Ayésh ku ucapan "ssst, heh nginjem pulpen!" atawa "eh, tadi tugas urg nu acan naon wae sih?" unggal poé.

Azra rada bodo dina pelajaran, tapi pinter pisan milari perhatian. Lalaki nu sanajan rada bodo, tapi rajin nanya ka guru. Malah sok asup ka kantor guru saatos pelajaran, saolah-olah deui nungtut ilmu padahal kadang saukur nanya, "Bu, naon bédana atom jeung ion?" bari seuri.

Sanajan rada pikasebelen, Ayésh henteu bisa mungkir, aya nu matak pikabetaheun tina kalakuan Azra. Kadang sok seuri sorangan mun inget kumaha polosna éta budak lalaki.

Sakapeung Azra sok narik tiung Ayesh, sok nyingsieunan ti tukang, atawa nyelipkeun kertas nu eusina gambar lucu dina meja Ayésh.

Ngan sanajan kitu, Ayésh tara ngajak ngobrol heula. Sok ngaharepkeun Azra nu mimitian heula. Ari Azra, pan budak lalaki nu ego-na jangkung, sok pura-pura bodo. Maranéhna kadua nyimpen rasa, tapi henteu wani nyebutkeun. Unggal nyawang, silih curi pandang, tapi éta rasa tetep dipager ku égo jeung sieun.

Hiji waktu, waktu pelajaran Bahasa Sunda, guru maréntahkeun maranéhna nyieun kelompok. Ayésh jeung Azra ngagabung dina hiji kelompok, babarengan tilu batur séjén.

Di dinya, Azra némbongkeun kalakuan jailna, tapi ogé usaha tulusna pikeun nulungan kelompok. Anjeunna nanya ka guru ngeunaan kecap-kecap nu hésé, bari kadang-kadang nyelipkeun guyonan nu matak seuri barudak. Ayésh ngadangukeun bari ngaraos seuri dina jero haténa.

Ti dinya, teu karasa, rasa téh mimiti jadi beuki jero. Tapi tetep, maranéhna henteu wani ngungkabkeun. Éta kalakuan ego boh Azra boh Ayésh nyieun jarak nu teu katingali.

Di lorong sakola, maranéhna sok papanggih, tapi ngan ukur silih liriken panon. Henteu aya ucapan, henteu aya seuri. Ngan haté nu keuna ku sakilat rasa nu teu bisa dijelaskeun.

Sabenerna, boh Ayésh boh Azra, dua-duana masih kénéh mikacinta. Tapi waktu jeung kaayaan geus nyieun sagalana béda. égo nu masih nyangsang, nyegah maranéhna pikeun ngadeukeutan deui.

Hiji waktu peuting, Ayésh nulis surat dina buku harianana.

"Kuring hayang nyaritakeun rasa, tapi naon ari lamun kuring nyarita, anjeun bakal ngajawab naon? Bisa jadi anjeun henteu ngarasa sarua, atawa anjeun moal wani ngomong ka kuring. Janten kuring milih nyimpen ieu rasa dina jero. Lamun engké waktu urang papanggih deui, mugia urang tiasa nyarita tina hate nu leupas tina égo."

Tapi peuting éta, anjeunna ngan saukur nyimpen surat dina buku harian, henteu wani ngirimkeunana.

Dina hiji waktu istirahat, Ayésh ningali Azra di kantin. Tapi ayeuna, teu sorangan deui.

Anjeunna aya jeung saurang mojang ti kelas séjén. Ngaranna Ninda. Mojang gumeulis, leuleus, jeung sigana bisa ngartikeun Azra nu rada bodo jeung jail.

Ti dinya, Ayésh apal... Azra geus boga kabogoh.

Manéhna cicing di pojok kantin, nyokot roti tapi henteu dipangan. Haténa kacida seueulna. leu kahayang nu cenah moal lila, ieu rasa nu can kungsi jadi nyata, ayeuna geus leungit... saméméh bisa dipibanda.

Mung Ayésh henteu nyalahkeun saha-saha.

Sabenerna, manéhna gé boga kasempetan.

Tapi manéhna milih jaga rasa dina haté, henteu wani nyarita. Azra ogé sarua. Bohong lamun Azra henteu apal Ayésh resep ka manéhna.

Tapi manéhna ogé sieun nolak. Jeung waktu terus jalan.

Lulus SMA, Ayésh nyimpen sagalana dina hiji catetan leutik. Surat nu teu kungsi dikirim:

"Ka Azra...

Anjeun téh lalaki pangbodona nu kuring resepkeun. Jail, sok ngaganggu, sok ngajadikeun kuring esmosi. Tapi di jerona, aya hal nu matak kadeudeuh.

Kuring nyangka bakal aya waktuna urang bisa silih jujur, silih nyaritakeun rasa. Tapi waktu kalah nyieunan urang jauh, jeung égo nu nyieun urang beuki jauh deui.

Kuring henteu nyeri ngan ukur kadang nyawang langit, mikir... lamun waktu tiasa diulang, naha kuring bakal wani nyarita?

Tapi ayeuna geus leungit...

Anjeun lengit saméméh kuring bisa mibanda anjeun. Tapi rasa ieu, moal leungit. Anjeun, moal kungsi jadi kabogoh kuring, tapi moal leungit ti haté kuring salalanggengna."

Surat éta dikokolakeun dina diary nu ayeuna geus lila katutup. Tapi Ayésh masih inget tiap kecapna. Saperti rasa éta...

Leungit, tapi salawasna aya

Asih nu lengit saméméh... mibanda.