dungeon nu nyumputkeun kakuatan
dungeon nu nyumputkeun kakuatan karya anu nyieun : Rafi Jeung Riko
Aya saurang pamuda ngaranna Jaka. Anjeunna kasohor minangka hunter nu panglemahna di sakumna guild. Unggal asup ka dungeon, anjeunna sok jadi beban pikeun babaturanana. Henteu sakali dua kali anjeunna tatu parna, lantaran henteu boga kakuatan kawas nu séjén. Sanajan kitu, haténa henteu gampang putus harepan.
Unggal balik ti misi, Jaka sok jadi bahan omongan.
“Naon gunana boga anggota kawas manéh, Jaka? Anjeun ngan ukur beban,” ceuk salah saurang sobatna bari ngejatkeun sirah.
Jaka ngan ukur seuri hambar. Dina jero haténa aya kasedih nu ngagulung, tapi anjeunna sok nyobian tabah.
Dungeon Ganda Nu Misterius
Hiji poé, nalika anjeunna jeung reguna ngalakukeun ekspedisi, maranéhna asup kana dungeon nu katingalina biasa wae. Témbok batu kasar, hawa tiis, jeung sora tetes cai ngagema dina jero guha. Tapi tungtungna kapanggih yén éta téh dungeon ganda, hiji dungeon nu boga lawang séjén nu nyumputkeun horor leuwih jero. Panto batu nu diukir ku simbol anéh kabuka laun-laun, disusul ku hawa hideung anu ngeusi tempat.
Dina jeroana, pinuh ku jebakan jeung monster nu leuwih galak tibatan nu kungsi aranjeunna tingali. Pedang, panah, jeung sihir babaturanana henteu cukup pikeun nahan serangan. Sora jerit jeung benturan logam ngeusi rohangan. Loba anggota grup nu gugur, hiji-hiji tumbang bari diserep ku kegelapan dungeon.
Jaka ampir pupus, getih ngalir tina tarangna. Pedangna pegat, awakna teu boga tanaga deui. Nalika anjeunna sujud dina taneuh, dina waktos kritis kitu, mucunghul hiji layar caang biru nyanghareupan anjeunna.
"Anjeun rék jadi Player?" kitu tulisanana.
Jaka ngarasa anéh, haténa campur aduk antara sieun jeung harepan. Tapi aya sora jero batinna nu ngadorong. Anjeunna pencét “Sumuhun”. Ti dinya, kahirupan Jaka robah.
Naék Tingkat, Ngawangun Kakuatan
Unggal poe, anjeunna meunang tugas nu mucunghul dina layar éta. Ti mimiti hal basajan saperti push-up saratus kali, ngaji pedang saméméh panonpoé tilelep, nepi ka ngalawan monster sorangan. Unggal anjeunna ngalakukeun éta, awakna karasaeun béda. Ototna jadi beuki kuat, haténa jadi wani, jeung panonna beuki seukeut.
Sapeuting, nalika anjeunna latihan, layar biru masihan hadiah: “Skill: Panggero kalangkang”. Ti dinya anjeunna bisa ngahirupkeun deui bayangan mahluk nu kungsi anjeunna kalahkan. Mimiti ti sato leutik, terus monster, nepi ka mahluk nu gede sakumaha gunung.
Babaturanna nu baheula nganggep anjeunna beban mimiti reuwas.
“Éh, naha ayeuna Jaka jadi kuat kieu?” ceuk salah sahiji hunter bari melong.
“Sigana anjeunna teu deuih Jaka nu baheula,” saur nu séjén bari ngarasa kagét.
Jaka ngan seuri saeutik. Anjeunna henteu hayang balas dendam, sabab nu dipikabutuh téh lain pangajén atawa pujian, tapi kakuatan pikeun ngajaga jalma-jalma nu anjeunna sayang.
Ujian Anu Sajati
Dina hiji misi, guildna meunang tangtangan pikeun ngaleungitkeun dungeon raksasa anu mucunghul di tengah kota. Sadaya hunter séjén kasieunan, sabab dina éta dungeon cicing hiji mahluk nu kawas naga bayangan. Sora ngageremna bisa ngagelegerkeun bumi, panonna ngaduruk kawas seuneu tina jero kalangkang.
Nalika sadayana mundur, Jaka maju. Kalangkang monster anu anjeunna panggil nuturkeun di tukangeunana, kawas pasukan nu satia. Nalika panto dungeon kabuka, hawa tiis anu ngageterkeun tulang nyambut anjeunna.
“Upami abdi henteu maju ayeuna, saha deui nu bisa ngajaga jalma-jalma di luar?” pikirna.
Pertempuran panjang dimimitian. Naga bayangan ngaluarkeun seuneu hideung anu bisa ngaleburkeun batu, tapi Jaka terus ngalawan. Pedangna nembongan caang ku énergi layar biru, unggal sabetan ngaguratkeun cahaya dina hawa. Bayangan-bayanganna maju, ngurilingan naga éta, bari Jaka ngamangpaatkeun unggal celah.
Sanggeus perjuangan panjang, ahirna Jaka hasil nyocorkeun pedangna kana jantung naga éta. Sora ngageremna jadi lemah, lajeng jisimna ambruk sarta larut jadi debu hideung. Ti dinya, layar biru mucunghul deui, masihan tulisan:
“Quest lengkep. Anjeun ayeuna ngahontal tingkat anyar.”
Pamuda Nu Robah Jadi Legenda
Ti harita, Jaka henteu deui dipandang hina. Anjeunna jadi harepan sakumna hunter, bahkan warga nu biasa. Ngabogaan kakuatan anu asalna ti kasabaran jeung tekad, anjeunna janten simbol yén sanajan jalma nu dianggap lemah, lamun teu nyerah, bisa robah jadi pangluhung.
Sanajan loba nu muji, Jaka tetep rendah hati. Anjeunna terang yén kakuatan ieu sanés ukur pikeun dirina sorangan, tapi pikeun ngajaga dunya tina ancaman dungeon anu beuki loba mucunghul.
Ti pamuda nu pernah dianggap henteu aya gunana, ayeuna anjeunna robah jadi legenda.
Rafi firmalia