Libur Sakola

Carpon ieu ngeunaan opat babaturan ulin ka pantai. Galang miceun runtah asal-asalan, tapi diingetan ku réréncanganana. Anjeunna tuluy sadar pentingna ngajaga lingkungan.

Libur Sakola

Di hiji tempat aya opat budak ngaranna Galang, Bayu, Sekar, jeung Laras. Aranjeunna babaturan di lembur, jadi mineng ulin babarengan. Hiji poé, maranéhna ngarencanakeun ka pantai pikeun ulin.

"Éh, pas libur sakola kumaha mun urang ulin?" Galang nanya.
Sekar ngajawab "hayu tapi rék ulin kamana?."
"Kumaha lamun ka pantai? Ningali pemandangan" ceuk Laras.
"Setuju, itung-itung liburan" Bayu nembal.

Peuting na maranéhna nyiapkeun kaperluan anu rék dibawa saperti baju jeung kadaharan. Isuk-isuk pisan, kadangu sora kongkorongok hayam di lembur maranéhna. Udara tiis ngajadikeun maranéhna rada susah hudang, tapi apal rék liburan ka pantai ngajadikeun maranéhna sumanget. Laras geus siap ti peuting, malah Sekar jeung indungna geus nyiapkeun sangu liwet jeung lauk asin pikeun bekel.

"Ulah poho baju ganti nya!" ceuk indungna Sekar.
"Muhun Bu," saur Sekar bari ngasupkeun ka tas. Maranéhna indit maké motor. "Ieu tos siap sadayana?" Galang naros ka réréncanganna.
"Siap" anjeunna ngajawab sasarengan.

Maranéhna indit isuk-isuk, sangkan bisa ngarasakeun hawa tiis di jalan. Aya kalana maranéhna reureuh di jalan, dahar bari ngobrol. Di satengah obrolan, Laras nyarita, "pantai na pasti éndah pisan."
"Enya, tangtu loba sato laut di dinya" Galang nembalan. "Jadi teu sabar hayang gancang nepi" saur Sekar.

Sanggeus bérés reureuh, maranéhna neruskeun lalampahan. Salila dina lalampahan, maranéhna kacida nikmatna ningali kaéndahan alam nu terus dilalajoan. Seuri teu eureun ngagurat dina rarai maranéhna.

Sanggeus ngalampahkeun lalampahan nu cukup lila, ahir na maranéhna nepi ka pantai. Maranéhna langsung néangan tempat pikeun nempatkeun barang bawaan, tuluy maranéhna mutuskeun ulin di gigir pantai.

Maranéhna katingali pisan resep basa maén di pantai, Laras jeung Sekar maén di gigir bari ngadamel istana pasir. Sedengkeun Galang jeung Bayu sibuk maén cai.

Di pantai, teu ngan ukur ulin cai jeung ngadamel istana pasir. Sekar mawa kamera leutik pikeun nyokot gambar.
"Eh, kumpul heula atuh, urang selfie!" saur Sekar.
Sakabéh maranéhna kumpul di hareupeun batu karang, meureun ieu momen nu moal poho salila-lila.

Sababaraha lila ti harita, Laras jeung Sekar balik deui ka tempat dimana barang-barang maranéhna disimpen. Maranéhna mutuskeun pikeun reureuh sakeudeung.
"Héi, hayu ka dieu tuang heula!" Ceuk Sekar. Bayu jeung Galang langsung ngadeukeutan ka maranéhna duaan.

Maranéhna ngabiskeun bekel nu dibawa, "asik tuang deui" ceuk Bayu. Sanggeus rada wareg, maranéhna mutuskeun pikeun reureuh sakeudeung. Dina waktos éta, Galang mésér sababaraha jajanan nu aya di lebah pantai. Basa keur resep tuang, Bayu ngomong, "hayu Lang, urang maén deui."

Galang anu ngadéngé éta langsung nyusul Bayu bari mawa jajanan di leungeunna. Sekar jeung Laras ogé balik deui maén di gigir pantai. 

Basa keur resep maén, Laras ningali Galang nu miceun runtah bekas jajananna ka pantai. Ningali éta, Laras langsung ngingetan Galang, "Galang, ulah miceun runtah di mana daék!" Galang anu ngadéngé langsung ngajawab, "emang na kunaon? Di gigir pantai ogé cukup loba runtah."

Laras anu ngadéngé téh langsung ngagelengkeun sirah, tuluy Sekar ngomong, "urang teu meunang miceun runtah di mana daék sabab éta bakal ngabahayakeun lingkungan." 
"Maksud na kumaha?" Ceuk Galang. 

Laras ngajawab, "lamun urang miceun runtah di mana waé, éta bakal pangaruh kana kahirupan nu aya di laut, lauk-lauk pasti loba nu paéh. Salain éta, runtah ogé bakal ngaruksak kaéndahan lingkungan."

Bayu ngajawab, "Henteu ngan di laut wungkul, lamun urang miceun runtah di mana waé ogé pasti bakal ngabahayakeun. Salain nyieun kotor, runtah ogé bisa nyababkeun loba panyakit malah bisa nyieun musibah siga banjir." 

"Urang teu meunang ngaruksak lingkungan, ulah nepi ka ngarugikeun mahluk hirup séjén ku kalakuan urang sorangan," ceuk Sekar.
"Leres pisan," ceuk Laras."
"Ternyata pangaruhna bisa kacida gédé na nya, hapunten nya sadaya na kahareupna abdi moal miceun runtah di mana daék deui." Ceuk Galang.

"Tah kitu atuh, ayeuna candak runtahna tuluy buang ka tempat sampah," ceuk Bayu. Galang langsung miceun runtah ka tempatna, sanggeus éta maranéhna neruskeun maén deui nepi ka soré sumping, maranéhna mutuskeun balik ka imah masing-masing.

"Geus waktuna balik, sedih ah kudu ninggalkeun pantai," ceuk Laras.
"Tapi tong hariwang, urang bisa datang deui bulan hareup," ceuk Bayu.

Dina motor, Sekar mikirkeun kajadian tadi. "Abdi ngarasa bangga ka Galang, ayeuna maneh leuwih paduli lingkungan," ceuk Sekar.
"Hatur nuhun, kusabab anjeun sadayana, ayeuna abdi leuwih ngarti pentingna ngajaga alam," ceuk Galang.

Liburan waktu éta kacida berkesanna pikeun maranéhna sadayana. Sanajan ukur sapoé, tapi éta poé pinuh ku kabahagiaan, jeung pangajaran nyaéta alam téh kudu dijaga ku urang sadaya.