Paguneman Batin
Carpon Paguneman Batin nyaritakeun ngeunaan kahirupan Indra anu meunang beasiswa, tapi haténa tetep karasa gundah lantaran bingung ku pamadegan indungna, sarta pinuh ku paguneman jero batin. Carpon ieu mangrupakeun hasil karya kolaborasi dua panulis, nyaeta Farisha Mutiara Azzahra sareng Dinda Dania.
PAGUNEMAN BATIN
Isuk nu seger. Halimun masih kénéh ngagelut di luhureun sawah, ngahalangan panonpoé anu anyar rek nincak langit. Indra nangtung dina teras imahna bari nyawang ka jero lembur. Sora manuk pipit ti sisi kebon ngajadikeun isuk éta karasa leuwih haneut. Tapi haténa sorangan, teu saperti alam sabudeureun, karasa poék jeung pinuh ku patalékan.
Dina jero haténa, aya sora-sora nu teu eureun-eureun paguneman. Sora nu lir dua jalma anu silih adu argumen, nyieun haténa beuki hariwang.
“Indra, ieu waktuna anjeun nuluykeun sakola. Anjeun geus meunang kasempetan ti guru pikeun meunang beasiswa. Naha rék dileungitkeun kitu baé? Cita-cita rék jadi dosén hukum moal kahontal lamun henteu sakola luhur. Ieu kasempetan emas!”
Tapi aya deui sora séjén anu gancang ngarempak pikiranana
“Tapi kumaha jeung indung? Anjeun teu émut yén indung geus kolot, awakna sering kénéh nyeri, jeung ngan ukur ngandelkeun dagang sayur ka pasar unggal isuk? Mun anjeun milih nuluykeun sakola, saha nu rék ngabantu anjeunna? Ulah jadi anak nu kurang ajar ngan mikiran cita-cita sorangan!”
Indra nyeredetkeun tarikan napas panjang. Saméméh isuk lila, indungna geus balik ti pasar bari mawa karanjang sayuran. Awakna katémbong capé, tapi pipina tetep masihan seuri leutik ka anakna.
“Indra, naha acan dahar? Ieu indung ngadamel sangu liwet jeung sambel. Kudu dahar heula saméméh indit,” ceuk indungna bari mukakeun karanjang di dapur.
Indra nempo indungna, terus haténa beuki digegel ku paguneman batin. Anjeunna hayang nyaritakeun sagala rasa haté, tapi unggal hayang ngucap, sora batinna deuih ngahalangan.
Peutingna, Indra teu bisa saré. Manéhna leuleumpangan ka luar, ngadeuheus ka kebon di tukangeun imah. Sora jangkrik jeung haneutna peuting ngajadikeun haténa rada tenang, tapi sora paguneman batinna masih kénéh nyaring.
“Lamun anjeun ngorbankeun sakola pikeun indung, meureun indung bungah ayeuna. Tapi kumaha engké? Kumaha lamun anjeun jadi sesah manggihan pagawean? Kumaha lamun hirup anjeun moal robah tina kaayaan ayeuna?”
Sora séjén ngajawab, leuwih tegas
“Hirup téh sanés ukur pikeun diri sorangan. Indung nu geus ngalahirkeun, ngadidik, jeung ngorbankeun sagalana, naha henteu leuwih penting tibatan sakola? Anjeun kudu ngabuktikeun kasatiaan anjeun ayeuna!”
Indra ngagerem bari nutupan rarayna ku leungeun. Cai soca lir rék ngucur, tapi anjeunna nahan. Dina haténa aya perang nu teu aya tungtungna.
Isuk-isuk salajengna, Ardi mutuskeun pikeun nyaritakeun sagalana ka guru BK di sakola. Sanggeus jam pelajaran réngsé, anjeunna ngadeuheus ka guru BK, Bu Agis.
“Bu, abdi hoyong nyarios. Abdi bingung pisan. Abdi meunang kasempetan beasiswa, tapi abdi ogé émut ka indung di bumi. Anjeunna dagang sorangan, umurna geus sepuh. Mun abdi angkat sakola jauh, abdi sieun anjeunna kasusah sorangan,” ceuk Indra bari nuturkeun sora haténa.
Bu Agis nengetan kalawan hade. Anjeunna nyandak napas jero lajeng ngajawab.
“Indra, hirup téh memang pinuh ku pilihan. Paguneman batin anu anjeun karasa ayeuna téh hal anu lumrah. Tapi émut, indung sok hayang nu pangsaéna keur anakna. Anjeun kudu ngobrol langsung jeung anjeunna. Tong nyieun kaputusan ku sieun wungkul.”
Kecap éta ngadadak ngagerem dina haténa. Paguneman batinna henteu eureun, tapi jadi rada béda.
Peutingna, Indra nepi ka teu tahan deui. Anjeunna neuteup indungna anu keur mariksa pakakas dagang.
“Indung, abdi tiasa nyarios hiji hal?” ceuk Indra.
Indungna ngadéngékeun bari eureun ti kagiatanana.
“Naha, Indra? Aya naon?”
Indra nyandak napas panjang, lajeng sadaya sora batinna dibeberkeun ka indung. Anjeunna nyaritakeun ngeunaan beasiswa, cita-cita, tapi ogé ngeunaan rasa sieun ninggalkeun indung sorangan.
Indungna ngadengekeun kalayan sabar.
“Indra, ti mimiti leutik indung ngadidik anjeun sangkan jadi jalma anu tanggung jawab. Indung henteu hoyong janten alesan pikeun anjeun henteu ngahontal cita-cita. Indung yakin, anjeun bisa sakola bari tetep émut ka indung. Tong hariwang, Gusti bakal masihan jalan.”
Cai soca Indra henteu bisa dicegah deui. Anjeunna meluk indungna. Dina haténa, sora-sora nu silih debat jadi ngaleungit. Paguneman batin nu tadina nyiksa haténa, ayeuna kapendak jawabanana.
paguneman batin téh henteu kudu dianggap musuh. Éta téh bagian tina prosés pikeun milih jalan anu bener. Ku paguneman batin, manéhna jadi leuwih ngarti naon nu kudu diprioritaskeun: cinta ka indung, tapi ogé tekad pikeun ngudag cita-cita.
Ti saprak harita, Indra mutuskeun pikeun neruskeun sakola bari tetep ngabantuan indung sabisa-bisa. Manéhna percaya, pilihan éta téh hasil tina paguneman batin anu jujur.
Isuk anyar datang deui. Panonpoé ayeuna leuwih caang, lir masihan tanda anyar pikeun kahirupan Indra. Anjeunna hudang kalawan haté rada hampang, sanajan tangtangan anu bakal datang masih kénéh panjang.
Sanggeus beberesih, Indra nulungan indungna nyusun sayuran dina karanjang. Ayeuna aya rasa béda dina haténa. Henteu ngan saukur rasa kasieun jeung hariwang, tapi ogé aya tekad nu leuwih pageuh.
“Indung, punten. Mimiti ayeuna, saméméh indung ka pasar, Indra bakal nulungan heula. Supaya indung henteu pati cape,” ceuk Indra bari nyusun cabe jeung tomat.
Indungna nempo anakna bari mesem, aya cai soca leutik nu ngagurilap dina sudut panonna. “Nuhun, Indra. Tapi sing inget, indung henteu hoyong anjeun poho kana sakola. Anu pangpentingna, anjeun kudu tetep rajin diajar. Ieu sagalana pikeun kahareup anjeun.”
Indra ngangguk pageuh. Dina haténa, sora batin nu kungsi debat ayeuna geus jadi kawas sobat nu ngajarkeun hiji hal: yén unggal pilihan teu salawasna kudu ninggalkeun hiji hal anu séjén. Aya jalan tengah nu tiasa dipilih lamun aya tekad jeung kahadean.
Sapopoé sanggeus éta, Indra mimiti adaptasi jeung rutinitas anyar. Isuk-isuk nulungan indung, siang nepi ka sore sakola, peuting diajar bari sakapeung ngabantosan dagangan indung pikeun disusun deui. Teu gampang, tapi haténa leuwih lega.
Dina hiji poe, Bu Agis ngahampura Indra sanggeus jam sakola.
“Indra, kumaha perasaan anjeun ayeuna?” ceuk anjeunna lemah lembut.
Indra seuri leutik, tapi matana caang. “Abdi masih cape, Bu. Tapi ayeuna abdi geus boga tujuan jelas. Abdi hoyong ngahontal cita-cita, tapi ogé henteu poho ka indung. Jigana ieu anu disebut ku ibu: kaputusan anu jujur.”
Bu Agis mesem bangga. “Leres, Indra. Gusti sok masihan jalan pikeun jalma anu tulus. Anjeun moal pernah nyalira.”
Waktu terus leumpang. Indra diajar pageuh nepi ka meunang panghargaan siswa teladan. Indungna nu unggal poe dagang sayuran jadi saksi kumaha anakna beuki deukeut kana impianana.
Dina hiji wengi, sanggeus meunang kabar yén beasiswana pasti jalan, Indra nyium leungeun indungna.
“Indung, abdi moal tiasa aya di dieu lamun sanés kusabab do’a sareng perjuangan indung. Abdi janji, naon waé nu kajadian engké, indung bakal salawasna janten bagian tina unggal léngkah abdi.”
Indungna ngalembereh, rarayna caang ku kabagjaan.
“Indra, indung henteu menta nanaon deui ti anjeun. Indung ngan hayang ningali anjeun bagja sareng ngahontal naon anu anjeun impikeun.”
Jeung ti harita, carita Indra lain deui carita ngeunaan paguneman batin nu nyiksa. Tapi robah jadi carita ngeunaan kasatiaan, tekad, jeung cinta ka indung anu teu aya tandingan.
Farisha Mutiara Azzahra