Nguatkeun Diri Keur Kareeus Kolot

Karya ieu di caitakeun ku siswi ti SMAN 3 Banjar. Ngeunaan motivasi hirup.

Nguatkeun Diri Keur Kareeus Kolot

Nami abdi Azizah, kuring  cicing di hiji désa leutik di Jawa Barat. Pun bapa damel janten buruh tani, sedengkeun pun biang damel janten ART.

Kuring sakola di SMA karesep kuring, lantaran ti alit abdi kaasup murid nu rajin jeung berprestasi. Ku usaha diajar nu getol, tungtungna kuring bisa asup ka SMA impian abdi. Tapi sanggeus sababaraha bulan sakola di dinya, kuring mimiti ngarasa teu betah. Sababna, ningali rerencangan abdi nu sakabéhna boga kaayaan ekonomi anu leuwih saé. Meureun abdi téh hiji-hijina murid anu pang miskinna. Malahan, kuring henteu boga rerencangan di sakola. Ngan nalika bagikeun rapor, kuring sok meunang rangking hiji.

Sanggeus bagikeun rapor éta, kuring mindeng dirundung ku rerencangan. Maranéhanana sok ngomong, “Tong diajak manehna mah, pikeun naon ngajak budak miskin? Engké ogé bakal ménta-ménta deui hahaha.” Ceuk salah saurang bari dituturkeun ku seuri sakelas. Haté kuring karasa nyeri pisan. 

Enjingna kuring di eleg dei, najan nilai matematika kuring 100, sedengkeun nilai nu  maranehna kur menang nilai 45, 24, 30. Didinya saatos guru kaluar, maranehna nyamperkeun kana meja kuring. Didinya kuring di tanyaan bet naha eta nilai bisa 100. Didinya eta kertas ulangan kuring di soeh - soeh keun ku rachel jeung babaladan na jeung di ancem, "mun maneh menang nilai 100 dei dina ulangan mtuk. Tempokeun isuk bakal leuwih parah ti iyeu." 

Sanggeus poé éta, abdi mutuskeun pikeun ngawartosan ka ibu BK sangkan nindaklanjuti masalah ieu. Sanggeus ngadangu katerangan ti Rachel, abdi, jeung rerencanganana, ibu BK mutuskeun pikeun masihan peringatan ka Rachel jeung rerencanganana. Mun maranéhna ngalakukeun deui hal sapertos kitu, maranéhna bakal dikaluarkeun ti sakola ieu. Tas kajadian eta kuring kur bisa ceurik. Di jalan mulang, kuring ceurik lirih.

Sanggeus nepi ka imah, kuring nyaritakeun kajadian éta ka pun ibu jeung pun bapa. Ibu tuluy nyarios,
“Neng, hapunten ibu jeung bapa can bisa masihan naon anu anjeun hoyongkeun. Jadikeun omongan maranéhanana jadi motivasi pikeun anjeun. Buktikeun yén anjeun tiasa suksés sanajan henteu boga harta jeung henteu boga koneksi ti kolot. Anjeun kudu bisa nangtung dina suku sorangan.”

Kalawan sora anu rada sedih, ibu nambahan,
“Hapunten, neng. Bapa jeung ibu ogé hayang ngajaga anjeun kawas rerencangan anjeun nu séjén. Hapunten kana kaayaan urang ayeuna. Ibu ngan ngadoakeun sangkan anjeun suksés, tiasa mésér naon anu anjeun impikeun. Ibu jeung bapa henteu nanaon ayeuna banting tulang pikeun biaya sakola anjeun.”

Bapa ogé nyarita,
“Diajar sing rajin, nak. Ulah hirup siga bapa jeung ibu anu henteu bisa ngahudangkeun anjeun kalayan saé.”

Ti harita kuring mutuskeun pikeun leuwih semangat diajar pikeun ngahontal cita-cita. Tilu taun lumangsung, tungtungna kuring lulus jeung katampi di paguron luhur impian kuring. Kuring kuliah opat taun, sinau sungguh-sungguh, malahan jarang pisan tiasa ulin jeung rerencangan. Tungtungna abdi lulus kalayan cumlaude. Sagala perjuangan karasa mayar.

Ayeuna kuring damel di hiji perusahaan ageung, janten sekretaris. Hiji waktos, nalika kuring istirahat di hiji kafe, teu disangka-sangka kuring patepang jeung rerencangan sakola baheula anu sok ngahinakeun ka kuring, ngaranna Rachel. Anjeunna ayeuna damel di éta kafe. Ku ramah kuring nyarios,
“Eh, anjeun ayeuna damel di dieu?”

Rachel ngajawab,
“Enya, kolot abdi bangkrut. Abdi kapaksa kudu damel pikeun ngabiayaan kulawarga.”

Kalawan ceurik, anjeunna nambahan,
“Hapunten, Azizah. Baheula abdi kantos ngahinakeun anjeun kusabab kaayaan ekonomi. Ternyata ayeuna hirup abdi anu dibalikeun.”

Abdi ngusap taktakna bari nyarios,
“Ti baheula ogé abdi mah parantos ngahampura anjeun. Ayeuna sing semangat, anjeun pasti tiasa ngaliwatan ieu sadayana.”

Ti harita kuring nyaho yén hirup henteu meunang semena-mena ka sasama. Karma téh aya, sakumaha pepatah nyebutkeun: naon anu ditanam, éta ogé anu bakal dipanén.

Ayeuna kahirupan kuring lumangsung saé. Kuring tiasa ngirimkeun bapa jeung ibu ka tanah suci, mésérkeun imah anu pantes pikeun maranéhna, sarta ayeuna aranjeunna ngan saukur ngarasakeun hasil tina perjuangan kuring.