SANTRI NU KALEUNGITAN ÉLMUNA

Carpon ieu nyaritakeun ngenaan santri Nu Kaleungitan Élmuna sabab ngadahar buah sambarangan

SANTRI NU KALEUNGITAN ÉLMUNA
Gambar ieu kénging Tina google https://images.app.goo.gl/7J2cgo1MwHi1oYbF7

      Aya saurang santri anu rek balik ti pondokna. Manehna ngalewatan walungan jeng balong terus leumpang mapay sisi walungan. Di sisi walingan Santri eta manggih buah jambu anu kakarak murag Tina tangkal na ,tuluy ku maneh na teh di dahar. Teu ka catur di jalanna akhirna santri nepi ka imahna. 

       Pasosore Pas manehna arek ngahapal kitab ngadadak apalan maneh na teh leungit kabeh. Manehna bingung ker naon kasalahannana. Sanggeus kajadian eta santri datang ka Imah kyai rek nanyakeun pedah naon hapalan manehna bisa ngadadak leungit. Saterusna Kyai eta nanya ka santri ker maneh mulung naon waktu rek balik ti pondok. Santri eta inget yen manehna mulung jambu asak anu aya disisien balong. Saterusna Kyai th nitah ka santrina yen kudu manggihan saha nu boga tangkal jambu nu di sisien balong eta. Tungtungna kapaksa Santri eta balik deui ka tempat sisi Balong anu tadi diliwatan sabab rek manggihan warga satempat rek nanyakeun saha nu bogaen tangkal jambu disisi balong eta. 

        Teu ka catur di jalanna manehna ges manggihan anu mi boga tangkal jambu nyaeta pa dani. Santri eta nyuhunkeun ka ridhoan Saban geus nga dahar jambu anu pa dani. "bapa arek nga ridhoan asalkeun Aya saratna nyaeta kudu daek kawin Jeung anak simkuring anu teu boga leungen teu boga suku" cek bapa Dani bari seuri koneng. Awalna santri eta ngahuleng rada lila, sa angges eta manehna kapaksa kudu satuju sangkan NU penting mh apalanana teu nga leungit, Tuluy maneh na teh ngayakeun acara kawinan jeng awewe anu sukuna buntung jeng leungenna buntung. Tapi pas nempo fisik awewe eta santri rada reuwas , ku sabab manehna nempo calon pamajikan anu geulis tur endah sarta leungen jeng sukuna henteu buntung. "Kunaon bapa kamari nyarita yen anakna sukuna jeng leungena buntung" pataros santri ka pa dani. "Kade ulah salah nga artikeun, Maksudna th yen anak simkuring teh can pernah kaluar imah sarta leungen jeng sukuna can pernah nyabak jeng nincak nu haram" tempas pa dani ka santri. Sanggeus acara kawinan rengse saperti biasa santri teh tiap ba'da magrib pasti ka Imah kyai arek stor apalan kitab. Pas santri mulai stor apalan ayat kitab ka kyai manehna Bagja Jeung bersyukur ka Allah SWT sabab apalan kitab na enggeus balik deui. " Alhamdulillah ya Allah hatur nuhun enggeus ngabalikeun deui apalan kitab abdi, abdi janji moal mawa ataupun ngadahar deui anu lain hak abdi" ucap rasa syukur santri ka Allah SWT.