Dongéng Ema
Carita ieu ngeunaan Raya anu ngumbara di dunya hayalan Karya: ZaVin
Kuring karék hudang saré basa Ema keur ngabéréskeun méja riasna. Kuring hudang, bari ngucapkeun wilujeng enjing. Ema seuri lantaran ningali buuk kuring awut-awutan bari nutupan beungeut kuring. Ema nitah kuring ngumbah beungeut jeung nyikat huntu heula. Manehna tuluy ngajak ka méja makan, tuluy nunjuk kana piring anu geus aya cau goréng dihias sambel nu aya dina meja. Kuring ngarérét. Pisang goréng maké sambel? Ieu teu bener, nu kuring nyaho mah, cau goréng teu disajikeun jeung nanaon deui, komo sambel mah. Kuring nyobaan hiji. Wah, éta pisang goreng ngeunah pisan! Kuring ngadahar cau éta nepi ka béak sapiring.
Poé ieu téh libur, jadi sanggeus nyarap jeung mandi, kuring langsung diuk jeung nyantai dina sofa di ruang tamu bari lalajo tv. Tapi kuring ngagerem dina keuheul sabab kartun karesep kuring henteu ditayangkeun isuk-isuk. Panon kuring ngusapan sabudeureun. Néangan hal pikeun ngaleungitkeun bosen. Ku sabab teu manggihan naon-naon anu pikaresepeun, kuring milih néangan indung kuring, rék ménta pang macakeun dongéng.
"Emaa..." Kuring ngagorowok bari ngagidig.
“Ka dieu, ema aya di buruan!” ceuk ema bari rada ngajgorowok.
Kuring tuluy indit ka buruan tukang, langsung nyampeurkeun ka indung nu keur diuk di gazebo.
"Ema nuju naon?" Kuring nanya ka Ema.
"Ema karék bérés nyébor pepelakan." Kuring ngan unggeuk sirah kuring jeung ngomong oh panjang.
Ema ngusapan buuk kuring bari nanya, "Kunaon milarian ema?"
"Teu aya nanaon, ma. Kuring ngan bosen sabab kuring teu bisa lalajo kartun karesep kuring. Janten, Ema tiasa macakeun dongéng jang kuring teu?" Kuring nanya bari nangkeup awak ema ti gigir.
Ema kuring ngekey tuluy nyokot buku dongéng nu aya dina méja tuluy maca, “Di hiji désa leutik nu aya di tengah leuweung, aya hiji budak lalaki nu ngaranna Raya. Raya teh budak yatim piatu, manéhna cicing duaan jeung ninina, ngaran nini na téh Dasiyah. Maranéhna hirup sederhana tapi bagja di imah leutik nu tina kai.
Raya boga kahayang gedé pikeun ngajalajah dunya luar. Manéhna sering ngadéngé carita ngeunaan mahluk khayalan anu cicing di dinya, jeung manéhna hayang pisan ningali éta mahluk make panon manéhna sorangan. Sanajan kitu, nini Dasiyah sok ngalarang manéhna kaluar ti kampung sabab leuweung sabudeureun kampung pinuh ku mahluk nu bahaya.
Hiji poé, Raya mutuskeun rék ngalanggar larangan ninina. Manéhna ngarencanakeun rék asup ka leuweung keur ngajalajah dunya luar anu ngan ukur didangu dina carita. Teu kanyahoan ku ninina, Raya nyolongkrong kaluar ti imah peuting-peuting asup ka leuweung anu poék jeung misterius.
Raya leumpang ngurilingan leuweung taliti. Manéhna ngarasa gugup tapi ogé bungah pisan. Sanggeus sababaraha jam leumpang, manéhna anjog ka hiji tempat geulis pisan. Di dinya, manéhna nempo kembang caang jeung tangkal jangkung nepi ka langit.
Ujug-ujug, Raya ngadéngé sora aneh ti tukangeun rungkun. Manéhna ngarasa sieun tapi ogé panasaran, jadi manéhna ngadeukeutan ka éta sora. Saméméh manéhna nepii ka tukangeun rungkun, manéhna nempo mahluk anéh anu acan pernah di tempo ku manéhna. Makhluk éta gedé, jangjangna hérang siga mutiara, jeung awakna lir béntang.
‘Saha anjeun?' Tanya Raya panasaran.
‘Kuring teh peri ti dunya sanés,' walon éta mahluk maké sora nu lembut.
Raya reuwas tapi bungah kacida. Manehna tungtungna panggih jeung mahluk khayalan anu manehna pernah ngadéngé dina carita. Si peri ngabéjaan Raya, yén dunya anu dicicingan ku maranéhna ayeuna téh mangrupa dunya khayalan nu pinuh ku mahluk gaib.
Peri eta tuluy ngajak Raya jang ngajalajah dunya khayalan jeung manéhna. Maranéhna ngapung ka awang-awang maké jangjang peri nu geulis, jeung Raya ngarasa kawas keur ngimpi. Maranehna nganjang ka tempat-tempat anu éndah jiga leuweung gaib, walungan nu méncrang, jeung gunung és anu abadi.
Sanajan kitu, teu kabeh mahluk di dunya khayalan ieu bageur. Aya ogé mahluk nu bahaya jiga naga jeung goblin. Raya diajar loba hal anyar tina pangalaman ieu, jeung manéhna ngarasa petualangan ieu téh mangrupakeun hal anu pang alusna nu pernah kajadian dina hirupna.
Sanggeus sababaraha poé ngajalajah dunya khayalan, Raya ngarasa geus waktuna balik. Manehna sono ka nini na jeung hayang nyaritakeun ngeunaan petualangan anu luar biasa ieu. Peri mawa Raya balik ka kampung manéhanana maké jangjang geulis na.
Sanajan kitu, saméméh manéhna indit deui ka tempat aslina, ujug-ujug naga ngaluarkeun seuneu, manéhna mundur sababaraha léngkah jeung rada muringis lantaran manéhna beunang ku percikan seuneu anu disemburkeun ku naga. Manehna nanya naha naga ngalakukeun ieu. Naga murka. Panonna nembongkeun seuneu ngagedur. Bari ngurilingan awak Raya, Si Naga nanya, 'Saha anjeun? Naha mahluk kawas anjeun bisa asup ka wewengkon kuring?"
Raya kaciri sieun, rada ngalieuk ka peri nu sarua sieuneun jiga Raya. 'Wasta kuring Raya sareng kuring teh manusa. Kuring asalna ti dunya handapeun langit.' Raya ngajawab bari asa-asa.
‘Terus naha anjeun datang ka dieu?'
‘Hapunten Naga, kuring nu kudu tanggung jawab ayana manehna di tempat ieu. Sabab kuring nu ngajak manéhna ka dieu,’ saméméh Raya ngajawab deui, si peri geus ngajawab tiheula.
‘Naon?! Naha anjeun bisa mawa mahluk sapertos kieu datang ka wewengkon arurang? Kumaha mun manehna nyaritakeun ka mahluk-mahluk anu sejen di alamna jeung ngarencanakeun anu goréng tuluy ngarebut daérah arurang?' Naga beuki murka.
"Éta teu mungkin kajadian, sabab manusa mangrupakeun mahluk biasa anu henteu ngagaduhan kakuatan atanapi jangjang khusus sapertos peri. Pikeun maranéhna, mahluk husus kawas anjeun, peri, jeung mahluk husus nu aya di dieu téh ngan saukur dongéng wungkul. Jeung kuring teh hayang ngabuktikeun yén naon anu maranéhna omongkeun henteu leres. Kuring hayang ngabuktikeun yén mahluk sapertos anjeun téh leres aya.'' Raya nyoba ngayakinkeun Naga.
‘Teu bisa, kuring moal ngantep anjeun balik ka tempat asal anjeun. Anjeun sanés manusa kahiji anu datang ka tempat ieu. Anjeun pikir kuring teu nyaho yén anjeun gawe bareng jeung tukang sihir?'
"Tukang sihir? Naon maksud anjeun gawé bareng jeung tukang sihir?'
Naga nyaritakeun kajadianana. Saméméhna aya grup bandit nu dibawa ku peri. Maranehna dibawa kadieu ku para peri, sabab para peri bogoh ka bandit-bandit éta. Sanggeus éta, bandit nu dibawa ku peri eta téh kenalan jeung mahluk anu aya di dieu, tapi maranéhna kalah nyokot kauntungan jeung maréntah sakabéh mahluk di wewengkon ieu. Teu disangka, rombongan bandit geus gawé bareng jeung tukang sihir. Maranéhna ogé ngahaja ngagoda peri-peri ku rupa kasep anu dibere ku tukang sihir. Tapi kabéh éta teu lila, sabab kabéh peri ngahiji jeung nyatukeun kabeh kakuatan maranéhanana pikeun ngalawan tukang sihir jeung para bandit.
Tina carita nu dicaritakeun ku naga, Raya ahirna ngarti kunaon naga jadi hariwang nyaho aya manusa geus datang ka wewengkon manéhna. Tapi, kusabab katulusan Raya, ahirna manéhna bisa ngayakinkeun Naga yén éta moal kajadian deui. Ku kituna, manéhna dibaé balik ka tempat asalna.
Sabot Raya nepi ka imah, Nini Dasiyah kacida hariwangna lantaran geus sababaraha poé ngaleungit. Najan kitu, nalika Raya nyaritakeun pangalamanana di alam khayalan, Eyang Dasiyah teu bisa nahan bungah. Manéhna ngarasa bagja nempo incuna nu jadi sumanget jeung pinuh ku carita.
Ti poe eta, Raya jadi leuwih wijaksana jeung pinuh ku pangalaman. Manehna henteu wareg hirup di kampung leutik manéhanana, jeung manehna mutuskeun balik ngajalajah dunya luar kalawan tujuan manggihan deui dunya khayalan.
Kalayan izin Nini Dasiyah, Raya ngamimitian pangumbaraan anyarna. Manéhna ngajalajah ruparupa tempat di luar kampung manéhanana jeung panggih loba mahluk hebat lianna. Manéhna ogé diajar loba hal anyar jeung leuwih kuat jeung leuwih percaya diri.
Nalika Raya balik deui ka kampung sanggeus mangtaun-taun ngajalajah dunya luar, manéhna jadi pahlawan jang warga désa. Maranéhna nu ngadangukeun kagum kana petualangan Raya jeung dunya khayalan anu manehna datangan.
Ti dinya, Raya jadi legenda di kampungna. Manéhna mere conto pikeun jalma ngora séjén pikeun impian badag jang ngajalajah dunya luar. Jeung unggal soré, saméméh panonpoé surup di tukangeun bukit héjo, warga kampung bakal ngariung ngurilingan api unggun pikeun ngadangukeun carita ngeunaan petualangan Raya jeung dunya khayalan anu pinuh ku sihir."
Ema tos réngsé macakeun buku dongeng ka kuring, tapi anu kadenge ngan rengkuh lirih ti kuring, anu tos sare ti ema masih kénéh maca dongéng. Ema nyium dahi kuring jeung ngusapan buuk kuring tuluy mindahkeun kuring ka kamar.
Ulfiani