Sobat Sajati
Carita ieu ngeunaan Sinta jeung Nira, dua sobat ti leutik anu béda kaayaan hirup tapi tetep rukun jeung silih tulungan. Nalika Nira gering, Sinta nu mantuan diajar; nalika Sinta gering dina lomba, Nira nu ngagantikeun nepi meunang juara. Maranéhna sadar yén sobat sajati téh nu saling ngadukung dina kaayaan senang jeung susah.

Di hiji kampung anu seger ku héjo, nu hirupna masih kénéh raket jeung alam, aya dua budak awéwé anu geus babarengan ti leutik pisan. Ngaran maranéhna Sinta jeung Nira. Ti saprak orok nepi ka sakola dasar, maranéhna téh geus siga dulur sorangan. Saban poé sok katingali duaan, boh keur ulin di halaman, boh keur ngala buah di buruan, atawa ngan saukur calik di sisi situ bari ngobrol jeung seuri babarengan.
Sinta téh budak anu bageur tur pinter, asalna ti kulawarga anu cukup. Bapana pagawe kantor di kota, sedengkeun indungna guru di sakola. Unggal poe, Sinta diantarkeun ka sakola ku bapana make motor bodas. Ari Nira mah sabalikna, budak anu sederhana pisan. Bapana tukang kebon, indungna dagang sayur di pasar. Unggal isuk Nira leumpang jauh ti imahna ka sakola bari ngagendong tas leutik. Sanajan béda kaayaan, tapi Sinta teu kungsi ngabédakeun babaturan.
“Moal jadi nanaon, anu penting urang babarengan,” ceuk Sinta sok bari nyengir.
Nira sok mesem bari ngawalon, “Enya, sobat sajati mah moal ninggalkeun.”
Unggal reureuh sakola, maranéhna duaan sok dahar sangu bungkus di handapeun tangkal mangga. Nira biasana mawa sangu lauk asin jeung sambel, ari Sinta mawa sangu hayam goréng ti imahna. Sok silih tukeur bekel, silih carioskeun kahayang, jeung silih tulungan lamun aya tugas sakola anu hésé. Kadang maranéhna ogé sok silih tulung lamun aya kagiatan sakola. Nira sok ngadamel hiasan kelas, ari Sinta ngatur tulisan jeung dekorasi. Duanana saling nguatkeun, sabab duanana ngarasa yén babaturan téh kudu saling nyampurnakeun, lain silih saingan.
Waktu lilana, maranéhna asup SMP. Sanajan geus mimiti dewasa, tapi kasobatanana teu robah. Sanajan Sinta mimiti sibuk ku kagiatan sakola jeung latihan tari, sedengkeun Nira kudu mantuan indungna di pasar, tapi duanana sok nyieun waktu pikeun papanggih. Sabada sakola, sok papanggih di taman deukeut sawah, ngobrolkeun cita-cita jeung kahayang maranéhna.
“Engke lamun geus gede, kuring hayang jadi guru,” ceuk Nira kalawan sumanget.
“Éta saé pisan, Nir! Kuring ogé hayang jadi dokter, supaya bisa mantuan jalma,” saur Sinta bari mesem.
Kedua budak éta sok ngadukung cita-cita silih, henteu aya rasa sirik atawa sombong.
Hiji mangsa, nalika musim hujan datang, Nira gering. Badanna panas, sora batukna teu eureun-eureun. Ampir saminggu manehna teu bisa sakola. Dina haténa, Nira sedih pisan. Anjeunna mikir bakal katinggal pelajaran, komo deui ayeuna deukeut kana ulangan semester. “Kumaha atuh, lamun nilai kuring turun?” ceuk Nira dina haténa.
Sinta, anu terang yén sobatna gering, teu bisa cicing waé. Isuk-isuk sanggeus sakola, manehna nganjang ka imah Nira bari mawa buku catetan jeung pulpen. Imah Nira sederhana, témbokna tina papan, lanténa semén, tapi bersih tur rapih. Nalika Sinta datang, indung Nira nyarita lemes, “Hatur nuhun, Nak, geus daék nyaba ka dieu. Nira kakara rada mendingan ayeuna.”
Sinta tuluy nyengir jeung ngawalon, “Teu nanaon, Bu. Kuring hayang mantuan Nira sangkan teu katinggal pelajaran.”
Sinta tuluy calik di gigireun ranjang sobatna, tuluy muka buku. Manehna ngajarkeun naon anu geus dijarkeun ku guru di sakola: ngeunaan matematika, basa Sunda, jeung élmu pangaweruh sosial. Nira ngadangukeun bari nyatet, kadang seuri alit lamun aya hal anu matak pikabitaeun.
“Ulah hariwang, Nir,” saur Sinta, “kuring bakal nulungan nepi maneh cageur jeung bisa balik sakola deui.”
Nira nepi ka mereh panonna lantaran haru. Dina haténa, manehna sadar yén sobat sajati téh lain ukur nu aya dina waktu senang, tapi nu aya dina waktu hésé ogé.
Sabada sababaraha poé, Nira mimiti cageur. Nalika manehna balik sakola, guru jeung babaturanna nyambut kalayan bagja. Tapi anu paling nyenangkeun, Nira nyaho yén Sinta geus nyatetkeun sadaya tugas jeung palajaran pikeun manehna. Lantaran kitu, nalika ulangan datang, duanana meunang nilai alus.
Sababaraha bulan sanggeus éta, sakola ngadamel lomba pidato basa Sunda. Sinta milu jadi wakil kelasna, tapi dina poé perlombaan, Sinta ujug-ujug gering. Manehna nyeri beuteung jeung teu bisa sumping ka sakola. Nira anu ningali kaayaan kitu langsung inget kana waktu Sinta nulungan manehna. Kalawan niat tulus, Nira ngajukeun diri pikeun ngagantikeun Sinta.
“Guru, abdi daék ngagantikeun Sinta, asal anjeunna istirahat heula,” saur Nira kalawan yakin.
Guru satuju. Sabulan latihan, Nira neuleuman pidato anu geus disusun ku Sinta. Nalika lomba, Nira nyarita kalayan yakin di hareupeun panggung. Kalimahna jentre, sora jelas, eusi pidatona nyentuh. Waktu hasilna diumumkeun, kelas maranéhna meunang juara kahiji.
Sanggeus Nira turun tina panggung, Sinta datang bari mawa kembang leutik. “Hatur nuhun, Nir. Maneh geus jadi sobat anu luar biasa,” saur Sinta bari mesem.
“Teu kudu hatur nuhun, Sin. Ieu ngan gantian wungkul. Maneh geus nulungan kuring heula. Ayeuna giliran kuring,” ceuk Nira.
Ti harita, kasobatan maranéhna beuki kuat. Duanana terus silih dukung nepi ka SMA. Dina unggal kasempetan, maranéhna sok silih semangati. Nalika salah sahijina gagal, nu séjén sok nguatkeun. Nalika salah sahijina berhasil, nu séjén sok ngiring bagja.
Maranéhna jadi conto pikeun batur séjén yén kabédaan harta jeung kaayaan henteu kudu ngahalangan persahabatan. Loba babaturan séjén anu neuleuman yén kasatiaan jeung ketulusan leuwih penting tibatan kaayaan hirup.
Dina hiji poé sabada lulus SMA, maranéhna duaan calik di gigireun situ anu sok jadi tempat ulin ti leutik.Angin ngahiliwir, sora manuk ngagerencik di antawis tangkal. Langit beureum caang, tanda panonpoé rék tilelep.
“Sinta,” ceuk Nira leuleus, “urang geus ngaliwatan loba hal babarengan. Kuring miharep urang moal robah.”
Sinta néwak leungeunna bari mesem, “Tangtu, Nir. Sobat sajati moal kungsi leungit, sanajan jarak jeung waktu bakal ngabédakeun. Haté urang tetep nyambung.”
Sinta tuluy nambahkeun, “Engke lamun kuring kuliah di kota, kuring bakal sering nulis surat ka maneh.”
Nira ngawalon, “Sarua, Sin. Sanajan kuring moal sakitu jauhna, kuring bakal sok ngadoakeun. Anu penting urang tetep silih inget.”
Ti dinya, duanana sadar yén nilai sajati tina sosobatan lain dina sabaraha sering patepang, tapi sabaraha jero rasa silih pikanyaah jeung silih tulungan.
Amanat:
Sobat sajati téh lain diukur ku harta, pangkat, atawa kaayaan. Sobat sajati téh nyaéta jalma anu tulus haténa, anu aya pikeun urang boh dina mangsa bungah boh dina mangsa susah, anu ngadukung nalika urang murag, jeung ngiring seuri nalika urang bagja. Sosobatan anu sabenerna bakal langgeng lamun dijaga ku kepercayaan, kejujuran, jeung kasatiaan.
Nada Azizah Cantika