Dina Antara Rahasia jeung Kapercayaan
Syapa jeung Lia téh sobat raket. Hiji poé, Syapa teu kahaja nyebarkeun rahasia Lia nepi ka Lia kuciwa jeung ngajauh. [carpon karya: Firyal Dzakiyyah E & Jihan Adinka A]
Di hiji sakola di kota, aya dua sobat raket pisan: Syapa jeung Lia. Ampir unggal poé maranéhna babarengan. Nepi ka rahasia pribadi ogé sok dicurhatkeun. Lia sok percaya pisan ka Syapa, nepi ka nyaritakeun hal-hal nu teu kungsi dibuka ka batur séjén — ngeunaan kulawargana jeung jalma nu dipikacinta.
Tapi hiji poé, tanpa kahaja, Syapa nyebutkeun salah sahiji rahasia éta ka sobat séjén. Ceuk haténa mah ngan sakedapan ngobrol, tapi berita éta gancang nyebar ka sakola. Teu lila, kabar éta nepi deui ka ceuli Lia.
Lia kaget, haténa campur aduk jadi kuciwa jeung ambek. “Syapa… naha kudu anjeun nu nyieun kieu? Padahal kuring percaya pisan ka anjeun…” cenah bari cicing, teu hayang deui ngobrol. Ti harita, Lia jeung Syapa jadi jauh. Dina kelas ogé kawas jalma asing, padahal biasana sok babarengan.
Syapa ngarasa salah pisan. Beuki poé beuki karasa yén manehna nu nyieun tatu pikeun sobatna sorangan. Tungtungna, Syapa datang ka Lia, nyarita kalayan tulus, “Lia, abdi nyieun kasalahan gedé. Abdi teu ngahaja, tapi tetep salah. Hapuntenkeun. Kuring janji moal ngulang deui. Rahasia anjeun bakal jadi rahasia abadi di kuring.”
Lia merenung heula. Memang haténa masih perih, tapi ningali kahadean jeung kasungguhan Syapa, anjeunna mimiti luluh. “Kuring masih kuciwa, Sya… tapi kuring terang anjeun tulus. Kuring coba ngahampura.”
Ti harita, maranéhna dua babarengan deui. Tapi boh Syapa boh Lia ayeuna leuwih ngarti: rahasia téh kudu dijaga, jeung kapercayaan sobat téh pangpentingna.
firyal dzakiyyah