Telat Lebet Sakola

Carpon ieu didamel ku : Kelas : XI-3 SMAN 3 BANJAR 1.Selomita Anabela 2. Annisa Nurzakia 3.Mutiara Argyanti 4.Pratami Nurfitrua

Telat Lebet Sakola
gambar ieu nyaritakeun ngeunaan siswa anu telat ka sakola sarta dipasih hukuman ku guru piket anu aya di gerbang.

Dina hiji wengi, Dito uplek pisan ulinan HP, kumargi éta anjeunna dugi hilap kana waktos.Waktos atos némbongkeun jam 02.00 wengi, nanging Dito tacan kénéh bobo.Enjing nyaéta dinten Sénén,waktosna Dito kanggo sakola.Dito fokus pisan kana HP na, sanajan PR kanggo dinten Sénén numpuk keneh sarta tacan dikerjakeun hiji-hiji acan.

Dina énjing poena Dito digugahkeun ku indungna,kalawan nada luhur, margi Dito alim gugah.Waktos atos némbongkeun jam 06.00 énjing-énjing, nanging Dito tacan kénéh gugah.Bumi Dito tebih ti sakola kirang langkung 1 jam an janten saban dinten Dito kedah mios ti jam 05.00 sarta dugi jam 06.30 supados henteu telat.Dina waktos Dito gugah, Dito oge reuwas sabot ningali waktos atos nembongkeun jam 06.30 margi anjeunna pasti telat lebet sakola.Anjeunna langsung siap-siap kanggo ibak.Saatos ibak Dito teu aya waktos kanggo neda janten Dito langsung salim kalawan indungna sarta langsung mangkat ka sakola.Dito ngabantun motor ka sakola,anjeunna ngebut pisan, margi henteu hoyong anjeunna telat.Saatosna di sakola Dito ningali gerbang sakola atos ditutup sarta ngalakukeun upacara bendera. Dito dugi disakola kirang langkung jam 07.00 an margi anjeunna ngabantun motor kalawan ngebut pisan.Di payun gerbang nuju aya guru anu pikét,kaliwat guru éta nyampeurkeun Dito sarta masihan hukuman.

 

Dina poé énjingna, Dito ngabéréskeun PR na leuwih tiheula, sarta ulinan HP sacukupna waé.Dito rumaos sieun kukajadian kamar, sieun kaulang deui ka anjeunna.Dina waktos Dito nuju ngagawéan PR na anjog-anjog babaturanna anu namina Akil dongkap ka bumina ngajak Dito ulin, nanging Dito milih kanggo ngabéréskeun PR na, margi anjeunna sadar ieu téh pagawéan anu wajib dipigawé ku murid sapertos anjeunna.Dinten salasa, Dito mios sakola sarta henteu telat deui,anjeunna rumaos bungah pisan, margi tiasa lebet sakola henteu telat.Saentos kajadian éta Dito sering ngabereskeun PR na dibandingkeun sareng ulin.