PINDAH SARAKAN

Pindah Sarakan Ngjauhan Kasarakahan

PINDAH SARAKAN
ilustrasi gambar diambil dari website viva.co.id

PINDAH SARAKAN

Karya Oka Gilang Ksatria

 

Kacaturkeun dina hiji mangsa hirup mangréwu manusa di sajeroning éta Nagara, ngaranna Nagara Amuksagara. Geus kolot, bongkok, limpeu mun leumpang téh bari geus teu huntuan jabaning pinuh ku huis, gambaran Amuksagara mangsa ayeuna. Nagara geus kolot, Nagara geus limpeu, téréh tilem liput ku sagara.

Meujeuhna haneut moyan, halimun angger kénéh nyimbutan lembur jeung saeusi Nagara. Hawar-hawar sora rahayat ti lebah wahangan nu ngadon nyeuseuh jeung marandi. Da geuning mangsana halodo ayeuna téh, sabab cai selang ti gunung Panampian geus teu ngocor deui, cai nu jadi andelan rahayat éta nagara geus saat taya keclakna.

Panon poé beuki mayungan. Wanci tangangé dibarung ku sora tongérét nu patembalan. Sora ciung ti kajauhan maturan hiliwirna angin ti lebah leuweung tutupan. Ngélébét Bandéra Nagara, dicekel ku ponggawa bari numpak kuda, bari ngaping rombongan Prabu Enggan Kisratu.

Cunduk waktuna Prabu Enggan Kisratu méré béwara. Gegedén Nagara, Pamingpinna nu kawilang otoriter hirup pinuh ku kabeungharan bati upeti ti rahayatna.

"Kumpuuul Rahayat Kula, aya béwara keur balaréa. Ayeuna Mangsa na Miang Pindah Sarakan. Lain maksud rék mopohokeun tempat ayeuna urang babakti, lain maksud rék ninggalkeun tempat urang nyangreudkeun kadeudeuh. Kiwari geus cunduk waktuna sabab ieu tempat ieu Nagara geus teu kuat deui mangku pangeusina. Kami geus manggih deui patempatan pikeun Sarakan, pék maranéh baroga ingetan, naha rék milu miang atawa panceg rék nyicingan ieu tempat".

Nyentug kana jajantung, neumbrag ka sa-awaking raga. Reuwas meunang béwara, bet kudu ninggalkeun lemah cai, bet kudu miang , incah ti tempat nu dipikacinta. Sarakan urang saréréa, Nagara Amuksagara.

Clak Cimata, asa leupas lelembutan ninggalkeun raga. Nalangsa, taya nu bisa nggambarkeunna. Kiska, Abél jeung Élia tingsalegruk narima kanyataan saperti kieu. Ras inget ka mangsa keur budak nalika arulin di alun-alun Nagara basa ngadon gatrik jeung boy-boyan. Sarakan tempat ngantengna katineung, duh panineungan. Kiska wanoja manis pinter pinuh atikan, Abél wanoja lungguh lenjang ngan éraan, cenah. Aya deui Élia nu geulis camperenik , Wantér jeung rada Wanian.

 Prabu ngadeg ngabedega di alun-alun Nagara, ngadeg luhureun panggung méré deui béwara.

"Hadéna ! Rahayat kudu pindah ! ngan aya hiji sarat, sabab kudu nyieun heula sasak keur meuntasna. Sabab aya jungkrang jero nu bakal kaliwatan. Kula negeskeun ! Sing saha waé nu sanggup mayar mantuan Nagara bisa miluan pindah, waragadna mah ukur dua rebu tilu ratus dolar."

Rahayat kabéh ngajenghok, aya nu ngocéak aya nu ngagorowok aya nu ngalengherek, bakat ku reuwas ku sarat nu kacida beuratna.

"Pangersa Prabu, hapuntenna kumawantun, kuring jeung rahayat séjén tangtos kantos mayaran upeti ka Nagara, Naha bet ayeuna kudu mayar deui keur nyieun sasak téh?"

Saur Élia bari nyureng

Prabu Enggan Kisratu ukur imut némpas patalékan ti Élia

"Jempé ! Élia cicing !! Nanaonan manéh bet wani ngomong kitu !" Carék Kiska ka Élia

"Husss, naon maksudna Kiska bet nyaram" saur Abél, bari tuluy ngagantawang

"PRABUUUU !!! teu karunya ka rahayat leutik ?. Apan enya éta upeti sakitu lilana dipénta ti rahayat keur Nagara, dikamanakeun? rahayat lain jelema bodo!"

"Rahayat !!! Sing boga ingetan, bérés nyieun sasak, saha nu rék nyieun Karaton Nagara ? Saha nu rék ngamimitan nyawah ? Saha nu rék nyieun irigasi keur nyaian lembur ? Kula ukur méré lolongkrang ka sing saha waé nu miboga niat hirup niat miang ka Sarakan anu énggal"

Sakabéh rahayat jempé, tarungkul bangun nu bingung. ngabandungan cariosan Prabu.

Ngan Kiska, Abél jeung Élia nu tanggah bari seuri konéng.

Niat Béla ka Nagara, Asal Ulah Nepika Cilaka.

Mugia Pindah Sarakan Dijauhkeun Tina Kasarakahan.

 

Banjar, 6 September 2023

Nalika Ngajar Katompérnakeun