Antara Bintang sareng Langit

Abdi Langit, nu ujug-ujug kaalihkeun ku hiji lalaki nu nuju ngawanohkeun dirina di organisasi Pramuka, abdi neuteup ka anjeunna sarta rasa resep kaanjeunna, abdi janten terang boh namina téh `bintang’. Awalna teu aya hubungan nanaon, lami ku lami na arurang sering saling curhat-curhatan. Nu ahirna abdi sareng Bintang ngamimitian hubungan, nu bisa disebut "carita cinta di pramuka”. Anggota kelompok : Seni Septya Tamala, Rahma Aulia Ramadhani, sareng Muhamad Gustiawan

Antara Bintang sareng Langit
https://images.app.goo.gl/uxZfcXAUgvywPRcm9

Abdi Langit, sadayana dimimitian ku kagiatan MPLS di sakola abdi. Harita abdi nembé lebet ka SMA. Anggota OSIS miwarang murid anyar pikeun milih organisasi anu dipikahoyong. Kuring ogé milih organisasi pramuka sabab nalika kuring ningali démo anu ditampilkeun kuring resep pisan. Saatos éta, sadaya anu badé ngiringan organisasi pramuka dipiwarang maju, sarta langsung waé ka ruangan pramuka. Anjog ka dinya, sadayaan diajak ngenalkeun diri, ujug-ujug tatapan abdi kaalihkeun ku hiji lalaki nu nuju ngawanohkeun dirina, abdi neuteup ka anjeunna sarta rasa resep kaanjeunna, abdi janten terang boh namina téh `bintang’.

Ahirna arurang ngadamel grup pramuka angkatan abdi wungkul pikeun silih kenal. Di dinya abdi mikir badé milarian nomer `bintang’, éhh abdi sedih lantaran teu kapendak nomer si bintang téh. Sanajan kitu, rasa hanjelu leungit sakedapan sabab dina waktu éta lanceuk senior miwarang sadaya rékan kuring pikeun nyimpen nomer maranéhanana. Bréh téh kuring meunangkeun nomer si Bintang. Teu lami, abdi teras ngintun pesen ka Bintang, teras abdi ngenalkeun diri deui. Abdi ngahaja ngadamel omongan leutik pikeun meunangkeun haté Bintang, tapi responna acuh pisan. Abdi mimitina nyerah sareng teu gaduh rarasaan pikeun Bintang deui. Mung kuring sareng anjeunna komunikasina tetep saé, dimimitian ku silih curhat sareng ngobrol ngeunaan masa lalu masing-masing. 

Sababaraha minggu ti harita, aya kagiatan latihan dasar kapamimpinan anu unggal organisasi kedah nampilkeun pagelaran. Nah ti dinya, Bintang katempo neuteup ka andi ti kajauhan. Kuring neuteup balik reuwas ka manéhna, ujug-ujug anjeunna seuri ka abdi. Abdi ngalihkeun pandangan abdi ka arah anu sanés. Saatos latihan réngsé, abdi teras wangsul ka bumi. Wengi éta kénéh anjeunna ngintun pesen ka abdi pikeun ngaréncangan nugas anjeunna. Abdi reuwas naha anjeunna ngajak abdi ngaréncangan anjeunna. Abdi ngaenyakeun ajakan ti Bintang teras wéh panjang nyarita itu ieu. Dina tengah-tengah obrolan éta anjeunna naros ka abdi “Langit anjeun masih nginget ka masa lalu anjeun ‘Petir’?”, teras abdi ngajawab “muhun, masih kénéh kaingetan”. Bintang nyarios kieu, "Badé moal anjeun ngahilapkeun `petir’, ku abdi di bantosan ngaleungitkeun karesep anjeun ka si Petir?" Kuring ogé mikir ngeunaan kecap Bintang. Saatos dipasihan waktu pikeun abdi mikir, abdi nyarios ‘mangga, upami kersa mah’. Ahirna Bintang sareng abdi ngamimitian hubungan, nu bisa disebut "carita cinta di pramuka".