Babaturan Deket

janten,di antawis maranéhna tos saling nganggap dulur sorangan, pédah ti leuleutik maranéhna sok babarengan tina hal kabungah atawa kasedih. maranéhna ge ngges nganggap kulawargi maranéhna siga kulawargi sorangan.

Babaturan Deket

Dina hiji wanci, aya dua babaturan anu rakeut kacida nyaéta Rara jeung Tiara.Maranéhna nggeus jadi sobat ti leuleutik.Malahan loba ogé jalma anu nganggap maranéhna téh duduluran, da saking akrabna. Unggal isuk saencan mangkat ka sakola, Rara sok nyampeur ka imah Tiara sangkan bisa mangkat babarengan ka sakola.

Beurangna maranéhna boga jangji yén balik sakola téh rék nyimpang heula ka supermarkét nu teu jauh jeung sakolana. Maranéhna kadinya téh boga maksad rék meulikeun kuéh jeung baju keur ninina si Rara. Ari ninina si Rara téh jalma bageur, akuan pisan ari ka Tiara téh, sanajan lain incuna ogé. Lain éta hungkul, kadang mah ninina Rara ogé sok meré naséhat jeung duit jajan ka maranéhna duaan.

Wanci geus nunjukeun jam 3 burit, tapi Tiara can aya kenéh waé kabarna, Rara ngadagoan di gang sakola bari maca novél nu di bawa dina tasna. Maca novél téh émang ka résep Rara, béda jeung Tiara mah anu leuwih resep maén baskét.Sanajan béda karesep, tapi maranéhna kacida akurna. Lamun aya latihan baskét di sakola, Rara sok satia ngadagoan Tiara latihan, bari ku hayang-hayangna balik babarengan, kitu ogé sabalikna.

Teu karasa wanci geus nunjukeun jam setengah opat, “Aduh si Tiara kamana nya?“, Tanya Rara dina jéro haténa. Rara ngarasa bingbang ku sabab geus 3 jam setengah manéhna ngadagoan si Tiara can aya kabar kénéh waé.

Teu kungsi lila aya sora “Rara…!“ Jol wéh saurang rumaja bari lulumpatan nyamperkeun ka si Rara. “Hampura, bieu kuring di titah ngabersihkeun lapangan heula saencan balik sakola, sabab poho can ngerjakeun tugas matematika“ Tembal Tiara tandes naker.

Bari rada ambek jeung campur karunya sageus ngadéngé alésan ti Tiara, ahirna maranéhanana jadi ogé mangkat ka supermarkét. “Ceuk urang ogé lamun aya pancén di sakola, geura buru gawékeun petingna” Rara meré naséhat ka Tiara bari rada ambek saeutik.

Sateupina di tempat nu dituju, maranéhna tuluy meuli kuéh jeung pulah pilih naon sakirana kado anu pantes keur ninina si Rara. Rara jeung Tiara ahirna meulikeun baju keur hadiah nu rék maranéhna belikeun ka ninina.

Baju nu dipilih warna konéng, sabab nyocokeun jeung warna kulit Nini, méh rada ca’ang mereun pikirna téh nu nyieun manéhna ngarasa éta hadiah anu paling cocok keur manéhna belikeun jang ninina. Keur Tiara, Ninina Rara geus dianggap Ninina sorangan, ku sabab Ninina si Rara sok nyaruakeun rasa nyaah jeung kaasihna ka manéhna, Tiara mikanyaah pisan ka kulawargi  Rara.

Keur Tiara, ngaluarkeun duit sakitu teu jadi masalah asalkeun nini atawa kaluarga Rara nu lain bisa bungah. Saréngséna ngabalanjakeun kabutuhan naon waé nu maranéhna hayang, manéhna tuluy balik sabab maranéhna geus didagoan di imah Rara. Kusabab kitu, maranéhanana buru-buru balik.

Sateupina di imah, manéhna geuwat disambut ku kulawargi Rara. Kulawargi Rara geus nganggap Tiara téh salaku kulawargina. Salain bageur, kulawargi Rara ogé sok nengetan ka Tiara. Rasa ka keluargaanna anu teu bisa dibeunangkeun di kulawargi Tiara, bisa dibeunangkeun di kulawargi Rara.

Uyuhan, da atuh Tiara mah ngan ukur cicing duduanan jeung bapana. Salain kitu, bapa Tiara gé mindeng mamangkatan gawé baé ka luar kota. Janten, Tiara sok ngarasa tiiseun lamun aya di imah. Indungna geus lila papisah ti mimiti Tiara umur 11 taun. Sanggeus bapa jeung indungna pisah, Tiara geus tara papanggih deui jeung indungna.

Ku sabab kitu ogé, Rara sok aya waé di dekeut Tiara, kusabab manéhna embungeun lamun babaturana ngarasa sorangan, sabab pikirna ari babaturan mah lain ukur di ucapkeun, tapi kudu dibuktikeun kalayan nyata.