Kuciwa ku Kawasa Alam Dunya

Carita kahirupan Rembulan nu pinuh ku rasa kuciwa ka Takdir Alam Dunya. Carpon karya : Jihan Paridah, sareng Priska Amelia

Kuciwa ku Kawasa Alam Dunya
Ieu gambar dicandak tina : https://images.app.goo.gl/jejrq7iiJZrcvhx49

Dina hiji sonten, nalika caangna panonpoé masihan kalangkang ka objék di jagat raya. Dipirig ku ayana méga nu geus teu mampuh nahan uap cai nu dikandungna, turunna cihujan nenangkeun. Pikiran kuring bingung nalika alam dunya ngarobah sagalana, tapi ti dinya jagat raya ngajarkeun kuring sakumaha berhargana waktos sareng pentingna ngartos naon waé anu parantos janten garis takdirna.

Loba rupa henteu salawasna bakal jadi buah tina karusakan, tapi bibit kaéndahan.

Halo sadayana, kuring Rembulan.

Kuring lahir jeung digedékeun dina lingkungan nu pinuh ku lobana rupa kahirupan. Saeutik carita, kuring lahir tina rahim indung anu kacida mulyana, namina Bumi. Bapa kuring pahlawan anu henteu pernah dirasa boga kacape jeung kasusah, namina Surya. Kuring lahir dinten Saptu, tegesna tabuh hiji siang. Kuring mangrupakeun budak hiji-hijina ti bapa jeung indung Kuring.

Indung jeung Bapa mangrupakeun bukti sakumaha endahna takdir jagat raya. Duanana mibanda kapercayaan anu béda, tapi teu jadi halangan pikeun babarengan. Indung kuring ngagem agama Islam, sedengkeun kulawarga bapa ngagem agama Kristen, tapi sanggeus nikah, bapa mutuskeun pikeun asup Islam, syukur bisa sabari diajar ngeunaan naon anu anjeunna percanten ayeuna.

Indung kuring nyarioskeun ka kuring yén nalika kuring dilahirkeun, bapa kuring parantos hawatos dina engke miboga budak, nyatana kuing, tapi ceuk indung kuring ge henteu masalah upami kuring bakal milih jalan hirup kuring sorangan. Ti leuleutik kuring diajar dua kayakinan, ti aki na bapa jeung indung kuring. Duanana ngajarkeun hal-hal anu hadé ka Gusti Allah sareng ka sasama manusa. Sanajan kitu, boh indung jeung bapa teu kungsi pasea, sarerea bisa paham jeung silih hargaan. Kulawarga leutik urang sok pinuh ku guyonan jeung kabagjaan.

Kuring, biasa dikenal ku pake sebutan ‘Mbu’. Kuring digedékeun dina kahirupan nu pinuh ku kanyaah, ku kituna kuring jadi rembulan nu sok bungah wae, bisa mawa kabungahan jeung katenang pikeun batur, tuluy teu pernah ngeluh saeutik-eutik acan. Percis jadi gambaran tina ngaran kuring. Panginten Gusti nyiptakeun abdi kalayan pinuh cinta supados abdi salawasna janten murangkalih anu dipikabagja. Jiganamah nepi ka meureun panonpoé bakal pareum ningali kuring caang unggal waktos. Dina hiji kajadian, kuring ngarasa yen, alam dunya bisa nyandak sadayana, kabagjaan kuring, diri kuring sorangan jeung sagala nu ku kuring piboga.

Keuheul ka Juni jeung Hujan.

Juni peuting, kuring di kamar ngadengekeun lagu sabari ulinan jeung ucing leutik kuring. Ngaranna Sinar, warna buluna meuni alus pisan, kulawu selang bodas motif imut siga bentuk haté.

Hujan di luar, cai hujan cingkaracak nabrak jandéla kamar kuring. Gandeng pisan. Di dapur, sigana aya nu teu hayang éléh tina kompetisi. Sora bapa jeung indung kadéngé beuki luhur. Meureun nuju ngantosan dugi pangacara sumping? Abdi henteu mikir teuing ngeunaan éta ogé. Tapi teu lila sorana pareum, mung henteu sareng hujan di luar.

"Bulan, kadieu tuang heula, indung tos réngsé masak, masakan anu tadi bulan pikahoyong, geura kadieu," ceuk indung kuring ti dapur.

Kuring buru-buru nyampeurkeun, di méja tos aya piring anu disayogikeun, sareng aya bapa kuring nu ngan ukur cicing. Waktos harita suasana jempling taya tanding, bapa nu biasa muka piobroleun gé tataraeun jadi henteu. Ngan aya sora hujan ti luar imah. Aranjeunna duaan dina méja nu sarua, tapi angger masing-masing, nyorangan.

Réngsé dahar, di méja dahar, bapa jug-jug mutuskeun, yen rék megatkeun. Tega, nepi ka cai mata indung kuring ngarérét. Sanggeus éta kuring ngangkat panon kuring sarta nempatkeun kana beungeut indung kuring, kuring nempo aya cai ngocor didinya. Karasana hawa jadi tiiseun sajadi-jadina, janten sapertos bumi sateuacan aya eusina.

Teu pake salam, teu pake seuri, teu aya kata nu diucap, bapa ninggalkeun imah jeung sagala rupa nu aya, ninggalkeun kuring jeung indung kuring. Peuting éta, di imah éta, hujan éta, nu jadi saksi bisu kajadian pilu.

Ema, kuring ninggalkeun manéhna di meja dahar, sorangan, ngan dibaturan ku rasa nu hampa. Kuring ngalungkeun awak sareng beban beurat pikiran kuring kana kasur. Kuring ngarasa kuciwa pisan kana omongan bapa di dinya, sanajan kuring henteu terang alesan anu sabenerna. Waktos éta kuring teu hayang deui ningali beungeut sasaha.

Isuk-isuk sanggeus kajadian tadi peuting, sagalana geus béda, Ema anu biasana sok gugah isuk-isuk nyiapkeun sarapan, ngan isuk-isuk ayeuna panto kamarna oge masih ditutup pageuh.

"Ma, tos énjing-énjing, geura gugah, biasana Ema anu pangheulana ngagugahkeun Mbu, gening ayeuna mah Mbu anu pangheulana gugah" bari ngetok alon kana panto kamar indung kuring.

"Eh, Mbu, lebet dieu, ema hoyong nyarios sareng Mbu”, Sora indung kuring halimpu ngajawab ti jero kamar nu tétéla teu dikonci.

Di jero, kuring nempo indung kuring diuk dina meja dangdanna, nempo dirina dina eunteung jeung nyekel cingcin kawinanna. Hate kuring langsung ancur nalika kuring ningali eta.

"Hapunten Ema sareng Bapa kana kajadian tadi wengi, engke ku Ema wartosan alesanana, émut, tong nyalahkeun sasaha waé, teh kenging nyalahkeun kaayaan ogé, nya? Mbu ge bakal ngartos, Ema leres-leres nyaah pisan ka Mbu, sami Bapa ogé nyaah ka Ema sareng Mbu". Ceuk indung ka kuring, sakabéh kalimah ieu nyieun cimata indung kuring jadi pacampur jeung kuring.

Daék atawa henteu, poé éta kuring kudu indit ka sakola, kalawan panon nu sembap. Ema ngadamel sarapan kanggo kuring, sareng teras-terasan nguatkeun kuring, sanaos kuring terang yén anjeunna henteu cekap pikeun nguatkeun dirina sorangan. Jarak ti imah ka sakola teh pati jauh, biasana mah make sapedah, tapi ayeuna mah jadi sorangan, teu jeung Bapa. Henteu aya kajadian anu dipikaresep di sakola, angger sapertos biasana, ngan kuring ngarasa langkung sepi ayeuna, meureun ka hareupna ogé.

"TRIIIIING" (bel istirahat)

"Woi Mbu, asa meni jempé waé, kunaon atuh kunaon?."

“Alaah siah, curiga ieu mah, boa-boa tos putus sareng si ehem?”

Dua babaturan nyampeurkeun ka kuring atawa meureun méja kai anu raheut nu ditutupan ku corétan, di juru kelas jeung pangeusina nu sarua geus ruksak. Kuring malah teu hayang ngomong sakecap-kecap acan, euweuh tanaga pisan. "Teu nanaon beut," jawab kuring singkat, puguh mah mun hayang rek dicaritakeun sagalana, ngan jang naon, moal aya nu paduli oge, pikir kuring harita.

Nalika palajaran sakola réngsé. Biasanamah ayeuna kuring leuwih resep nyorangan indit jalan-jalan dina sapedah. Ngan ukur neangan hawa seger, di imah mah eungap teuing, ngan dieusi ku kenangan pait anu terus ngajentru. Kuring pedal sapedah heubeul ieu, teh boga arah. Enya, siga kahirupan kuring ayeuna.

Poé-poé angger maju sakumaha sakuduna, teu loba anu robih ti harita. Ngan kuring jeung Ema. Sanajan hubungan urang geus tapis saprak Juni panungtungan, kuring teu ngartos naha maranéhna egois. Kuring sadar yén sagalana geus réngsé, maranéhanana geus cerai, misah. Sakapeung indung kuring nyoba-nyoba deui nyaritakeun kajadian harita, tapi kuring sok nolak, sabab kuring terang éta ngan bakal ngabuka luka hate indung kuring. Jeung deui sabab kuring henteu kantos paduli dimana bapa kuring atawa kumaha kaayaanna.

Waktos terus ngaliwat, ayeuna geus bulan Agustus, 2 bulan geus kaliwat ti kajadian poék éta. Agustus ayeuna bagéan hésé cai, halodo. Sagala hésé, komo mun mandi mah kudu hudang isuk-isuk pisan sangkan meunang cai, éta gé meunang ti sumur tatangga. Isuk-isuk éta suasana kacida haneutna, malah teu saperti biasana. Kuring keur guyonan jeung indung kuring, indung kuring ogé sababaraha kali ngomong yén manéhna nyaah ka kuring, sarta sabalikna. Teras kuring indit ka sakola sapertos biasa. Ti mimiti kaluar ti imah asa aya rasa nu ngaganggu manah, tapi teu pati kuring padulikeun.

Sanggeus sekolah réngsé, kuring asa hayang geuwat-geuwat nepi ka imah. Prak di luar pager, kuring reuwas basa nempo di téras hareup imah loba sendal. Kuring nabrak jajalaneun nu pinuh ku riungan jalma-jalma di dinya, teh puguh rasa, kuring neuteup ka awéwé nu dibungkus ku kaen kafan-enya, Ema.

"Hah?! EMAAA?! aya naon ieu, aya naon sabenerna?!, bi, bibi, aya naon? Naha teu aya anu ngawartosan ka Mbu, bi? Maaa.. emaa gugah ma, gugah.. Mbu masih peryogi Ema, Mbu moal tiasa hirup mun taya Ema, maa..” teu aya respon nanaon.

Bibi bintang, adina bapa, nyoba-nyoba nenangkeun kuring, manehna ngajak ka kamar. "Mbu, Bibi terang ieu pasti sesah, Ema Mbu parantos gering salami ieu teh, anjeunna kedah nginum obat unggal dinten, anjeunna hoyong damang, hoyong ningali Mbu sukes, ayeuna anjeunna parantos damang salamina, Mbu kudu sing kuat hun?, Gusti Allah langkung nyaah ka indung anjeun " ceuk Bibi bari nangkeup kuring pageuh, tapi kuring kur bisa cicing bari leuleus.

"Obat? aya naon bet Ema kat ka kudu nginum obat? Naha Ema teh pernah ngawartosan Mbu yén Ema gering, kunaon? naha Ema teu ngabejaan Mbu ha? Naha Bibi teu ngawartosan ka Mbu oge.." kecap-kecap anu kaluar teu jelas, pabeulit teh puguh, sabab kuring teu bisa nyerna kajadian harita, kuring tuluy ngaleos ninggalkeun kaayaan harita.

Loba pisan pitanyaeun dina pikiran kuring, ngan kur bisa kuring simpen patarosan éta ku sorangan, meureun dugi ka kapanggih jawabanna ku kuring sorangan. Kusabab kuring kuciwa, unggal tanya ngan dijawab ku cicing wungkul. Kuring kaluar ti imah.

Dina taman kalayan kembang garing sarta geus paraéh sabab hésé cai téa. Saprak éta, kuring hoyong maot sapertos kembang di pakarangan. Tapi maot teu bisa dipesen sapertos pesenan ti restoran cepat saji anu iklanna aya dina televisi. Kuring henteu terang naon anu aya dina pikiran kuring, kuring hoyong ngantunkeun sadayana, kuring aya tapi henteu kantos mikanyaho naon waé nu sabenerna kajadian téh. Atawa meureun kuring nu égois teuing. Jigana kuring geus talédor, kuring nyéépkeun waktos anu berharga éta waktos jeung si Ema, seueur waktos pikeun nu bisa dipaké pikeun babarengan tuluy jeung Indung kuring. Belegug.

Sanggeus prosés dikurebkeun indung kuring réngsé, dunya kuring ogé réngsé, dikubur jeung awak indung kuring, tapi henteu kalawan sakabéh panineunganna. Kuring ngan ukur bisa nempokkeun ti kajauhan, sabab teu téga lamun kudu neuteup Ema. Tétéla Bibi sadar yén kuring aya di tukangeun tangkal. Anjeunna ngadeukeutan kuring sareng ngajak kuring ngadoakeun Ema. Kuring nurut, indit ka tempat peristirahatan ahir indung kuring.

Kuring ningali kana batu nisan kai, sareng gundukkan taneuh beureum nu luhurna pinuh ku kembang-kembang. Kuring geus bener te tiasa nyarios nanaon. Kuring ngantep cipanon ngeclak sabeakna. Tidinya kuring hayang ambek ka jagat raya, ka alam dunya, naha bet tega nyandak sadayana ti kuring, naon kasalahan anu kuring lakukeun dugi ka nampi ganjaran anu kejam sapertos kieu?

Walungan ngocor bébas tur kerep teu ereun tina panon kuring, nangkeup nisan indung kuring. Teu kungsi lila, sora undak-usuk ngadeukeutan. Teras disebat nami kuring sareng nami si Ema.

"Mbu..., Bumi..., kuring balik.. “, Ceuk sora beurat lalaki nu ngadeukeutan. Kuring langsung ngalieuk jeung mariksa sora saha éta. “Bapa, éta sorana bapa? Saliwat kapikiran, naha bet pantes pikeun kuring ngageroan anjeunna make ngaran éta? Manéhna maké baju hideung. Bibi Bintang nepok-nepok taktak kuring, siga nu nunjukeun yen kuring kuduna nangkeup ka si Bapa. Mila nepuk-nepuk taktak kuring, siga nu nunjukeun yen kuring kudu nangkeup bapa, lain nisan indung kuring. Pas hareupeun kuring, Bapak ambruk dina gundukan taneuh makam si Ema.

"Mbu... Hapunten Bapa Mbu..." Saméméh Bapa réngsé nyarita, kuring buru-buru indit ti dinya. Mawa sapedah nu tadi ditunda dina handapeun tangkal kuring mangkat ka imah. Kuring asup ka kamar, kuring kur kapikiran mawa poto kulawarga leutik kuring, dina sorog meja diajar anu kuring henteu kantos ningali deui. Kuring ceurik di kamar, ku sora nu ngahikhik dibendung ku bantal.

Kuring sono ka anjeun sapertos walungan garing dina usum halodo nu sono kana cai nu ngocor dina awakna. Jiga akar tatangkalan anu sono kana hujan. Sono ka si Bapa, indung jeung kuring ogé nu heubeul. Éta kulawarga leutik ayeuna ngan ukur kenangan. Kuring nangkeup poto eta pageuh nu dibingkai ku warna biru, warna karesep indung kuring.

"Tok tok tok tok" (diketokna panto kamar kuring).

“Mbuu.. ieu Bapaa... bapa hoyong nyarios sareng Mbu, buka pantona mbuu, hapunten Bapa.. ." Bapa menta ti luar panto kamar kuring.

“Ah, malah ngarusak mood kuring. Ngaganggu. Naha ujug-ujug datang balik deui sanggeus rengse? telat!". Kuring teu merhatikeun jeung teh paduli, sabab eta teh lalaki anu nyababkeun indung kuring gering tepika maotna.

"Mbuu, Bulan?... bapa nyuhunkeun kasempatan deui, bapa bakal nebus sadaya dosa bapa dugi ka ayeuna..."

Sabab bosen ngadéngéna, kuring mukakeun panto kamar. Nu sabenerna mah teu ngonci. Bapa diuk gigireun panto kamar kuring, nutupan beungeutna nu di kureub ku leungeun-Na. Bapa ngusahakeun sangkan bisa nangkeup kuring. Didinya kuring kur bisa jempé, kuring nyoba ngahampura bapa, atawa meureun diri kuring sorangan. Tapi teh lila, kuring robah pikiran deui. Kuring balik ka kamer tuluy mawa poto nu tadi, sarta nyandak sapedah terus mangkat duka rék kamana. Kuring ngagowés sapédah kolot bari rada tarik. Masih teu terang rék kamana tujuanna.

Sirah kuring pinuh hal anu meureun Gusti Allah ge teh nyaho naon eusina. Sirah kuring pinuh ku rébuan patarosan tapi hijipun teh kapanggih jawabanna.

Mondok ka Asrama.

Ngadadak kapikiran. Kuring buru-buru balik deui ka imah bibi kuring pikeun ngabahas ieu. Prak tepi diditu, bibi kuring rada nyentak sabab kuring ninggalkeun imah tapi kuring teu bebeja ek kamana. Nyatana si Bapa teh neangan kuring. Ongkoh deui keur sareupna. Henteu pakai ba bi bu, kuring nyarios ka bibi yén kuring hoyong ka asrama hoyong mondok. Sahenteuna lajeng kuring moal nyalira di dinya. Bibi satuju. Tapi saratna kuring kudu balik heula ka imah jang nepungan bapa. Abdi satuju.

Di jalan, saméméh surup. Bari kuring mikir ngeunaan kamana hirup kuring engkena. Pikeun ngadoa ge, kuring bingung ek ka Gusti anu mana.. Éta sababna kuring hoyong pisan asup Asrama kalawan rupa-rupa latar tukang jalma anu beda-béda. Dugi ka kuring terang saha kuring nu sabenerna.

Tétéla bapa masih nungguan kuring, di téras hareup imah. Tempat biasa sakulawarga ngumpul keur baheula. Lalaki éta langsung nyampeurkeun kuring. Anjeunna menta hampura deui ka kuring. Anjeunna ogé nyobian pikeun ngajelaskeun sagalana. Didinya kuring teu bisa ngomong nanaon.

"Enjing Mbu bade ka asrama, ayeuna bade siap-siap heula." Ceuk Bapa enya, meureun manéhna terang yén kuring butuh waktu.

“Mbuu, bulan .. geura gugah, ayeuna bade angkat ka asrama kan? gugah gancang”. Lirih tikajauhan kadangu aya sora Alm Ema. Ujug-ujug kuring hudang ngadéngé sora. Jam nunjukeun ngepas tabuh 4 subuh. Kuring sadar ieu ngan ngimpi. Kuring sono teuing ka Ema. Kuring tuluy siap-siap nyandak baju jeung sagala kaperluan kuring. Cenah jadwal mulang téh 3 bulan sakali. Syukur, kuring oge teu hoyong buru-buru balik deui ka tempat ieu.

Kuring mangkat ka tempat bibi dianterkeun ku bapa, enya, nganggo sapédah kuno éta. Kira-kira tabuh tujuh isuk-isuk. Sapanjang perjalanan ngan meuni asa tiiseun sabab jarempé. Nalika kuring bade angkat ka asrama, mobil disupiran ku Mamang, salaki bibi bintang. Bibi ngingetan sakalian mere amanat ka kuring supados kuring tiasa diajar loba di ieu tempat. Lajeng anjeunna nangkeup kuring.

Teu karasa sataun geus kaliwat, kadang bapa atawa bibi datang nganjang ka kuring. Tapi kuring teu kungsi balik ka imah. Iwal poé Raya, kuring balik ka imah, sanggeus éta kuring balik ka asrama. Kuring henteu manggihan tempat nu leuwih nyaman iwal ti ieu asrama. Aya loba oge pangajaran hirup anu geus kuring benangkeun. Tapi, tétéla rupa-rupa latar tukang kahirupan, agama, kapribadian sareng hal-hal sanés henteu jadi halangan pikeun angger bisa babarengan.

Persis sataun saprak kuring ninggalkeun imah. Agustusan. Pas-pasan jeung poe Idul Fitri atau lebaran. Kuring dijemput ku amang sareng bibi. Dipirig ku sora takbir, teh ereun bersyukur sapanjang jalan. Kuring henteu terang naha sadayana karasa bagja nalika kuring tiasa nampi sareng ngartos sadayana kajadian nu memang geus kuduna terjadi. Anjog ka imah. Kuring disambut kalayan haneut ku pun bapa sareng kulawargina, didinya abdi oge ningal keluarga ibu.

Éta suasana di imah meuni rame pisan. Sarerea silih hampura, guyonan jeung babagi loba carita. Loba jalma ayeuna paduli ngeunaan kuring. Nalika sarerea geus ninggalkeun imah, angger tungtungna kur aya kuring jeung bapa. Dina waktos éta Kuring mimiti muka obrolan. Enya, bapa bagja pisan. Sareng ngamimitian ngabejaan sagalana. Tungtungna sadaya patarosan abdi bisa kajawab.

 Alesan utama Bapa ninggalkeun indung kuring nyaeta sabab taya lian ti jang neangan duit pikeun kaperluan kuring. Indung ngajak bapa indit neangan duit keur biaya sakola kuring, sabab Ema terang yen manehna geus teu bisa deui ngadukung kuring. Sanajan kitu sigana peuting harita aya salah paham antara urang tiluan.

Duh, karasa pisan kumaha bodona kuring anu gancang teuing nyimpulkeun sadayana. Urang duaan silih hampura. Saprak harita, dunya geus bisa robah. Nu saacanna asa paroek, ayeuna panonpoé geus balik nyadiakeun caang anu pangsaéna. Keur kuring jeung bapa, oge indung nu tenang di alam nu geus beda.

Lembaran anyar, saprak harita, kuring geus balik jadi Bulan anu bisa mawa kabagjaan pikeun batur. Kuring ngemut yen kuring masih boga bapa nu kudu dibanggakeun hiji poé. Karagaman teu salawasna mawa karuksakan, tapi bakal ngalahirkeun kabagjaan. Sareng percanten ka kuring,

Gusti parantos ngatur skenario anu pangsaéna pikeun urang anu sok miharep ngan ka anjeunna anu Maha Kawasa.