Upacara Adat Ngabungbang (SUNDA)

Prosesi Ibing Ronggeng dina Upacara Adat Ngabungbang

Upacara Adat Ngabungbang (SUNDA)
Prosesi Ibing Ronggeng dina Upacara Adat Ngabungbang

UPACARA ADAT NGABUNGBANG

Upacara Adat Ngabungbang mangrupa kabudayaan titipan karuhun di Batu Lawang. Ieu Upacara dilaksanakeunna unggal sataun sakali dina Bulan Mulud, tempat dilaksanakeunna aya di Desa Batu Lawang Kecamatan Pataruman Kota Banjar. Ieu upacara dilaksanakeun pikeun nepikeun rasa sukur ka pangeran jeung ka para luluhur nu ngageugeuh di Batu Lawang, lantaran cai nu ngocor di Batu Lawang can kungsi saat sanajan halodo panjang. Ngabungbang saméméhna geus aya ti taun 1915. Ki Demang salaku generasi ayeuna anu nuluykeun Ngabungbang téh,warisan ti Ibuna (Ibu Dioh).

Dina jaman harita nya éta dina taun 1915 kacaritakeunna di Batu Lawang téh keur hésé cai. Hiji mangsa Pa Haji Hasan lanceuk Bu Dioh ti Tasik datang ka  Ki Hasannarékahan paméntana, indit ka gunung (taneuh Bu Dioh) ngajak badéga jeung Juragan Ulis. Geus nepi ka gunung, Ki Hasan nu mamaké iteuk nancebkeun iteukna bari maréntah Badégana ngagali di tempat iteuk ditancebkeun. Teu kungsi lila sanggeus digali cai téh ngaburial kaluar gedé kacida, éta tempat téh dingaranan Cikahuripan. Ti harita cai téh nepi ka ayeuna cur cor sa-Batu Lawang mah teu kakurangan cai. Ki Hasan sanggeus nulungan Bu Dioh boga paménta, paménta na téh nya éta dina malem 14 bulan gedé masarakat ngariung jeung ulah sararé sarta pangnyadiakeun Ronggéng, ulah unggal bulan saur Ki Hasan téh cukup sataun sakali tempatna di ieu Cikahuripan. Ti mimiti jaman Bu Dioh ngalaksanakeun paménta ti Ki Hasan nepi ka ayeuna jaman Ki Demang, anu paménta na ayeuna dibéré ngaran Ngabungbang, antukna cai di Batu Lawang teu ngalaman saat atawa kakurangan cai.

Palaku dina Upacara Ngabungbang nya éta aya sesepuh (Ki Demang), réngréngan sesepuh, aparat pamaréntah, panitia, nayaga, sarta masarakat umum jsté.

Prak-prakan upacara ngabungbang kabagi jadi dua bagian, nya éta bagian saméméh jeung puncakna.

Nurutkeun Ki Demang Wangsyafudin, Upacara Adat Ngabungbang dilaksanakeun teu dumasar kana waktu nu meunang diatur. Tapi Ki Demang ngalaksanakeun Ngabungbang dumasar kana dawuhan anu datang ka anjeunna.

Dina Ngabungbang aya sababaraha tahapan dina lumangsungna upacara, diantarana baris ditataan dihandap.

  • Saméméh Ngabungbang
  • Wawangkongan

Dina wawangkongan, eusina ngeunaan lalakon sajarah ngadegna Batu Lawang. Dilaksanakeunna dina waktu sareureuh budak, anu ilubiungna nya éta sakabéh tokoh masarakat di Batu Lawang. Wawangkongan dilaksanakeunna nalika caang bulan 14 dina bulan Muharram. Ngeunaan tempat, dilaksanakeunna wawangkongan nya éta di aula masjid gédéngeun imah Ki Demang.

  • Damel Sajén

Dina poé katilu saanggeus wawangkongan sakabéh masarakat diajak ku Ki Demang pikeun nyieun sasajén. Sasajén anu disadiakeun nya éta: (1) congcot, (2) bawang beureum, (3) cabe beureum, (4) uyah, (5) cara bodas, (6) cara beureum, (7) rujak cau, (8) bubur bodas, (9) bubur beureum, (10) ci kopi, (11) ci téh, (12) ci hérang, (13) lemareun, (14) kupat keupeul, (15) papais tipung, (16) tangtang angin, jeung (17) menyan.

  • Damel Bélé

Masih dina poé katilu saanggeus wawangkongan, aya nu disebut “damel bélé” nya éta nyieun bélékétépé sarupaning anyaman tina daun kalapa nu semu kolot tapi teu kolot teuing rada ngora tapi lain janurna. Dipaké pikeun dékorasi panggung sarta pikeun tilam dariukna pamilon kagiatan. Dijieun babarengan ku masarakat jeung panitia dina kagiatan ngabungbang sacara gotong royong.

  • Damel Obor

Masih dina poéan katilu saanggeus wawangkongan, aya damel obor nya éta nyieun obor tina tilu buku awi, ditihanganna make awi, disumbuanna maké kaén. Ditancebkeun ngajajar mapay jalan ti imah Ki Demang nepi ka lapangan désa. Minyak anu digunakeunna nya éta minyak tanah, tapi saupama minyak tanah geus hésé lantaran teu loba nu ngajualna, bisa diganti ku solar salaku gagantina.

  • Nancebkeun Awi Konéng

Ditancebkeun méméh sakabeh kagiatan dimimitian. Hartina dina prosesi nancebkeun awi konéng méré ciri yén acara rék dimimitian. Dina waktu nancebkeun awi konéng, bareng jeung masangkeun umbul-umbul disapanjang jalan ti imah ki Demang nepi ka lapangan désa.

  • Puncak Upacara Adat Ngabungbang
  • Unjukan

Dina poé ka opat sanggeus wawangkongan, dilaksanakeun Unjukan nya éta indit ka gunung ka makam luluhur di hulu cai anu jadi karamatna katelahna Cikahuripan. Suguh nu dibawa dina waktu Unjukan nya éta tilu rupa kadaharan, aya nu ngagantung, ngagolér jeung nu kakubur, disebat ogé ku istilah “polo gumantung, polo kesimpar, polo kependem”. Dina Unjukan miboga tujuan pikeun sukuran sarta neda widi ka Gusti Allah SWT, ka nu ngageugeuh Batu Lawang jeung ngadu’akeun luluhur Batu Lawang. Dina Unjukan nu bisa ngaluuhan ngan saukur jalma-jalma pinilih atawa ngan saukur sesepuhna hungkul nu ngalaksanakeunna.

  • Ngabungbang

Ngabungbang nu jadi inti tina kagiatan Upacara dina poéan pamungkas sarta sakalian jadi kagiatan panutup tina runtuyan acara Ngabungbang. Puncak tina ngabungbang dimimitian dilaksanakeunna di buruan imah Ki Demang, dibuka ku rajah nu digerendengkeun ku Ki Demang salaku sesepuh ngabungbang, dituluykeun kana nyeungeut obor dilakaksanakeunna ku para tamu méré isyarat ngabungbang baris diresmikeun, tuluy nyadiakeun sasajén dilaksanakeunna ku panitia kitu ogé nyadiakeun suguh pikeun tamu (gegeden pamaréntah). Sanggeus kitu bari para tamu nuang suguh ti panitia dibarung ku midangkeun kasenian Pencak Silat jeung midangkeun kasenian Gondang Buhun. Sanggeus tamu disuguhan tuangeun jeung sababaraha hiburan, para tamu dibariskeun diajak leumpang ngabring ka lapangan desa, aleutan leumpang ka lapangan bari diaping ku ponggawa nu mawa tumbak. Sanggeus nepi  di lapangan desa, méméh ronggéng dipidangkeun Ki Demang sasanggem mangrupa kecap pamapag ka para pamilon kagiatan bari dituluykeun kana nyaritakeun sajarah Batu Lawang jeung sajarah ngabungbang. Sanggeus kitu prung ronggéng dipidangkeun. Nu pamungkas ditutup ku du’a ti tokoh agama.

Upacara ngabungbang penting pikeun dilaksanakeun salian ti nyumponan amanah ti luluhur, ogé penting pikeun ngariksa kabudayaan asli ti Batu Lawang. Mangpaatna moal karasa saharitaeun tapi keur generasi satuluyna. Mugya tetep dijaga diriksa salawasna.